Innalillahi wa inna illaihi rojiun. Mugia sagala rupi amal sholehna ditampi ku 
Alloh Swt, kalayan dihapunten samudaya kalepatanana di tabahkeun ka kuargi nu 
di tinggalkeun...Amin


----- Original Message ----
From: ncep tribun <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, February 6, 2008 8:30:06 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] RAF parantos ngantunkeun

Wa, kumaha pami enjing urang ngalayad ka kulawargina RAF, di Guruminda, tabuh 
dalapanan. Tos paheut sareng kang Abdullah mah.....
cecep burdansyah

MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net> wrote:
Innalillahi wa inna illaihi rojiun. Mugia sagala rupi amal sholehna ditampi ku 
Alloh Swt, kalayan dihapunten samudaya kalepatanana Amin.
------------ ------
Tepung munggaran jeung panungtungan.
Poe Kemis tanggal 6 September 2007, kuring ngilu ka Kang Ajip Rosidi ka 
Pabelan, memeh nyemprung ka wetankeun, Kang Ajip ngajak nyimpang heula ka Pa 
Ading nu harita kacatur nuju teu damang. Enya we geuning Pa Ading teh nuju 
ngalempreh di pajuaran, tapi barang nguping kang Ajip ngalongok, katingal siga 
nu jigrah. Saur Pa Ading panyawatna teh aya kanker dina tenggek, dugi ka kedah 
di kemo (disinar), tapi saheulaanan dikeureuyeuh ku jus kulit jeruk bali, 
saurna nguping kedah ku jus kulit jeruk bali teh ti rerencanganana, nya 
diajaran we da euweuh salahna, sugan we jadi lantaran bisa cageur.
Kuring diwanohkeun ku Kang Ajip, ieu Sasmita nu sok ngoleksi buku Sunda, atuh 
kuring nyolongkrong sasalaman, harita eces keneh kekecapan Pa Ading...sing 
mindeng kadieu atuh...urang ngawangkong. .., harita kuring ngamanggakeun. 
Geuning ari yuswa teu aya nu terang, masing satekah polah sangkan leupas tina 
panyakit, ari tos dugi kana waktosna mah teu aya nu tiasa nyegah. Pa Ading 
mugia sagala rupi kasaean ditampi ku Alloh Swt, kalayan dihapunten samudaya 
kalepatan. Geuning tepung harita teh tepung munggaran jeung panungtungan.
Pa Ading pangarang Sunda entragan Kang Ajip, karyana geus loba anu maca, 
diantara bukuna anu kawentar nyaeta Dongeng Enteng Ti Pasantren, Nu Kaul Lagu 
Kaleon, Pipisahan, Bentang Lapang, jste. Kantos janten pamaen dina serial TVRI 
Bandung, Inohong Di Bojongrangkong.
Anjeuna dibabarkeun dina kaping 2 Oktober 1928 sakapeung sok ditulis 2 Oktober 
1929 di Banjarsari Banjar (baheula mah kaasup Ciamis) di jajalaneun antara 
Banjar jeung Pangandaran, kitu anu kabaca dina buku Memoarna anu judulna RAF, 
Urang Banjarsari Jadi Inohong Di Bojongrangkong. Buku ieu dipedalkeun ku Geger 
Sunten taun 1998.
 
MSasmita
 
----- Original Message ----- 
From: ncep tribun 
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
Sent: Wednesday, February 06, 2008 7:36 PM
Subject: [Urang Sunda] RAF parantos ngantunkeun
Innalilahi wa inna illaihi rojiun. Budayawan Sunda, sastrawan tur sepuh urang 
Sunda, Rahmatullah Ading Affandi, RAF parantos ngantunkeun di RS Advent, Rebo 
tabuh 18.40 WIB.
Mugia amal soleh sareng amal ibadahna ditampi ku Allah SWT. Amin.
 
cecep burdansyah


 





Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke