--- In urangsunda@yahoogroups.com, "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Naon atuh ari Pajemuhan teh ?"
> "Kieu...pajemuhan teh ngandung harti papanggih ngariung"
> "Owh kitu..saha wae ?"
> "Urang Kusnet"
> "Enya, saha wae..?"
> "Teuing.."
> "Naha bet teu nyaho ?"
> "Da teu miluan uing mah .."
> "Naha ?"
> "Da teu diajakan..."
> "Ku saha ?"
> "Ku panitia-na.."
> "Saha kitu panitiana ?"
> "Teuing.."
> "Naha bet sagala teu nyaho atuh ?"
> "Matakna teuing ge.."
> "Nya atuh geus we..."
> "Geus we kumaha ?"
> "Tong di pikiran teuing, sing gering..."
>
> -dul-
................................
Sampurasun

Tah..... geus mimiti rada repeh. Angin ge mimiti karasa sumilir, teu
ngagelebug teuing.
Niti wanci nu mustari kiwari, bagean aki anu tumaros ka.... saha we...
hehehe

Lain etah.... ceuk cenah anu jadi salah sahiji masalah dina Pajemuhan
Kusnet teh nyaeta masalah diajakan jeung hanteuna, diogan jeung henteun.
Kulobana warga kusnet anu asa teu diogan ku panicia Pajemuhan pikeun
ngilu ilubiung nga-adu-renyom-keun masalah-masalah kasundaan jeung anu
disanghareupan ku sakumna urang Sunda, geus ngabalukarkeun aya rasa anu
katodel, aya gado anu asa dicoo.....

Aya patalekan dina hate kuring, galura pananya na dada. ..... "Ari
panicia diogan ku saha?, Diajak ku saha?". Naha panicia wawanianan
ngadatangan pajemuhan Kusnet? Taya kaera pisan....

Bingung...?? bingung pedah kuring nanya kitu?
Ah... ceuk mang Jay oge tong jadi bingung, tong kudu dipikiran. Bisi
gering.....
Lamun ke gering terus teu aya anu ngalongok.... ke jadi masalah deui
keh...... Padahal ka anu gering mah tara aya oganan, tara aya ajakan....
tara aya pangumunan-pangumuman acan.

geus ah... bisi tambah kanceuh geringna..


Wassalam

Aki, KGB.



Kirim email ke