"Aya pajemuhan cenah Jay.."
"Naon ? Pajenuhan ?"
"Pajemuhaaaaaaan....ni torek ih!"
"Owh...eh, ke..ari Pajemuhan teh urang mana ?"
"Naha bet nanya urang mana ?"
"Apanan Pajemuhan teh meureun lalaki..da make Pa.."
"Lain ngaran Jelmaaaa ih !"
"Ngaran Beus ?"
"Lain.."
"Ngaran Kadaharan..?"
"Laiiiin...ih meni belegug pisan!"
"Saha nu belegug ?"
"Maneh !"
"Owh kitu ? maenya ?"
"Enya !"
"Ah, piraku ?"
"Heueuh !"
"Atuda maklum we teu apal pajemuhan mah, da basa
 pelajaran eta uing teu asup meureun."
"Boa atuh.."
"Naon atuh ari Pajemuhan teh ?"
"Kieu...pajemuhan teh ngandung harti papanggih ngariung"
"Owh kitu..saha wae ?"
"Urang Kusnet"
"Enya, saha wae..?"
"Teuing.."
"Naha bet teu nyaho ?"
"Da teu miluan uing mah .."
"Naha ?"
"Da teu diajakan..."
"Ku saha ?"
"Ku panitia-na.."
"Saha kitu panitiana ?"
"Teuing.."
"Naha bet sagala teu nyaho atuh ?"
"Matakna teuing ge.."
"Nya atuh geus we..."
"Geus we kumaha ?"
"Tong di pikiran teuing, sing gering..."


-dul-


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dhipagaluh" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Duh bulan mapaés langit
> Peuting ieu alam éndah
> Ngahudang galura sono
> Moal laas selang mangsa
> Ngaliwatan aksara
> Seja nyawang lir nu tepung
> Ka salira nu dihormat
> 
> Ka kersana Kang Ismail
> Pangersa Uwa Sasmita
> Nu dihormat dipikolot
> Teu kakantun ka Mang Jamal
> Ogé ka Kang Iskandar
> Nu naratas kusnét tepung
> Kalebet Kang Eko Ruska
> 
> 
> Dua bait pupuh ASMARANDANA di luhur, dihaturkeun kanggo Ua Sas,
> minangka bubuka ieu surat abdi. Mugia ku Ua katampi kalayan
> kabingahan, tur mugia Ua salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT,
> Amin. Hapunten abdi teu tiasa ngahaturkeun nanaon, mung sakadar pupuh
> anu tiasa janten teu aya hartosna. Nanging, mugi kauninga ku Ua, réhna
> abdi tara sagawayah ngalebetkeun hiji komo dua-tilu nami jalmi kana
> karya pupuh. Upami aya nami jalmi anu dilebetkeun kana pupuh karya
> abdi, hartosna éta jalmi kalintang istiméwa di payuneun abdi. 
> 
> Badé henteu istiméwa kumaha, Kang Ismail, tokoh ti Kuningan, nu
> ngawitan ngalalanyahan ieu milis ping 8 Méi 2000. Lajeng anu munggaran
> nguncénan ieu milis téh apan salira Ua, teras Mang Jamal, Kang
> Iskandar, sareng Kang Eko Ruska Nugraha. Kitu sakaterang abdi mah, Ua.
> Kalayan Alhamdulillah dugi ka kiwari ieu milis langkung rempeg
> anggotana, tur ta eusi pagunemanna ogé kawilang euyeub. Bingah
> kagiri-giri, binagh amarwatusa abdi téh, Ua. Margi, abdi ogé diangken
> minangka salahsaurang anggota di ieu milis, ti taun 2002 asana mah
> (punten bilih lepat). Nanging rumaos, salami éta, abdi mah teu acan
> kantos nyumbang artos sapésér-pésér acan kanggo rupaning kagiatan dina
> ieu milis. Kama'lum ku Ua ogé panginten, abdi mah henteu kalebet nu
> seueur artos.
> 
> Kamari téh abdi ngaos seratan Ua, ngeunaan "mundut hapunten wiréh teu
> tiasa ngaluuhan pajemuhan di Unpad". Balaka baé, abdi dugi ka nyurucud
> cisoca. Naha Ua mani kedah mundut hapunten sagala? Ua téh sesepuhna
> ieu milis? Mun badé ogé panitiana nu nyaluyukeun sareng kagiatan Ua.
> Iraha Ua rinéhna, tah éta waktosna gempungan. Abong Ua mah jalmi
> soléh, wijaksana, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laér
> aisan. Abdi langkung hormat ka Ua.
> 
> Ua, anu dipihormat. Gempungan kamari téh wartosna mah suksés, dina
> perkawis diluuhan ku para inohong. Tapi anéhna, Kang Oman teu tiasa
> ngadadarkeun hasil éta gempungan, sakirang-kirangna kacindekanana.
> Padahal, wartosna, anjeunna téh moderatorna. Ari nu namina moderator,
> bujeng hingga énjingna, malah dina waktos harita kénéh ogé kedah tiasa
> nyindekeun hasil padungdengan. Kitu sakaterang abdi mah moderator téh,
> da abdi kantos sababaraha kali kapapancénan janten moderator atanapi
> panumbu catur. Margi, pami nurutkeun abdi mah, kasuksésan hiji acara
> téh henteu tiasa diukur ku saha-sahana anu sarumping, tapi ukuranana
> mah naon anu dihasilkeun tina éta pajemuhan. Punten bilih abdi
lepat, Ua. 
> 
> Anu saterasna, wawakil panitia ogé mani susumpahan, malih nyebat Asma
> Pangéran, majarkeun téh henteu aya nu ngawaragadan, kajaba katuangan
> sareng fasilitas wisma Unpad. Asa muringkak bulu punduk ngaos laporan
> panitia ku susumpahan, Ua. Nembéan abdi mah ngaos laporan panitia hiji
> acara mani siga nu henteu nyakola. Tapi anu harianeun deui mah, éta ku
> nyebatkeun teu aya nu ngawaragadan téa. Padahal ari katuangan sareng
> fasilitas téh apan waragad. Naha bet siga nyapirakeun bantosan ti
> Pangersa Kang Ganjar, nya, Ua? Tada teuing sedihna Kang Ganjar, upami
> uningaeun éta bantosanana disapirakeun. Teu ngartos abdi mah, Ua.
> 
> Saleresna ku abdi ogé parantos dikintunan serat, Ua. Tapi teu diwaler
> baé da Ua. Ari abdi pan tara maksa. Wios naha, badé diwaler nuhun,
> henteu ogé da seueur ieuh istri nu sok nyeratan ka abdi.
> Romantis-romantis ngaosna ogé nya, Ua. Tapi… abdi téh aya kapanasaran,
> wiréh anjeunna ngayakeun pajemuhan atas nami Kusnét, tapi henteu
> wawartos ka anggota kusnét, atanapi dipilihan wé sababaraha jalmi.
> Patarosan abdi, ari anjeunna téh janten naon kalungguhanana di ieu
milis? 
> 
> Aya deui nu abdi ngaranjug téh. Taya sanés ku sikep Kang Kumi.
> Satadina mah abdi moal nyabit-nyabit anjeunna, da tos katingal hasil
> karyana ogé, jaba dina acara kamari posisina jadi panyatur. Anjeunna
> nyalira nyebatkeun henteu payus mairan nu naroskeun perkawis
> gempungan, da nu payusna mah panitia, kitu cenah. Ongkoh nyebat teu
> payus, tapi dilakonan, Ua. Alesanana, lantaran namina kasabit-sabit.
> Naha mani géhgéran pisan nya, Ua? Abdi ogé nyabit-nyabit Kang Ajip
> Rosidi, tapi anjeunna henteu ujug-ujug mairan bari komo
> mangmeunangkeun panitia anu sidik teu tiasaeun ngabantah serat abdi nu
> kahiji ogé.
> 
> Kang Kumi nyebatkeun, naon anéhna mun ngulem urang Kusnét? Margi anu
> jadi panyaturna ogé ti Kusnét, badé préséntasi ka urang darat. Tapi
> dina émprona, apan nu janten panyatur téh sanés Kang Kumi wungkul, da
> mani rempeg ti tokoh-tokoh anu di darat ogé. Naha urang internét
> dianggap henteu penting ngalenyepan pedaran urang darat? Anéh abdi
> mah, Ua. Dupi anjeunna téh janten naon di ieu milis? 
> 
> Aya éta ogé haréwos bojong, saurna Kang Oman sareng Kang Kumi téh tos
> janten kuncén. Upami leres kitu, saéna mah dipertimbangkeun deui, Ua.
> Upami tiasa mah nu janten kuncén milis téh jalmi nu jembar manah,
> kersa nampi kritik, maparin conto saé ka sadaya anggota, sareng
> ngajénan ka sadaya anggota (Komo ka Kang Agus, anu masih kénéh réréhan
> Kang Ismail). Ari abdi mah sasaha ogé moal weléh satuju, Ua. Sanaos
> Kang Oman sareng Kang Kumi ogé, abdi moal nampik. Margi, sacara
> pribadi mah abdi teu gaduh kaawonan nanaon. Éstuning abdi mah mung
> nyorot sikep sareng léngkah-léngkahna, sanés kana pribadi jalmina.
> Pami tiasa, abdi mundut ka Ua, supados dua jalmi éta dipaparin
> naséhat, sangkan diajar ngajénan anggota milis. Ageungna ieu milis téh
> apan ku alatan seueur anggotana. "Bangsa yang besar adalah bangsa yang
> menghargai sejarahnya!". Ku kituna, abdi mah tetep ngahormat Kang
> ismail, Ua, Mang Jamal, Kang iskandar, sareng Kang Éko Ruska Nugraha,
> anu naratas ieu milis.
> 
> Sakitu anu kapihatur. Kirang sareng langkungna hapunten anu kasuhun.
> Sakali deui, mugia Ua sakulawargi séhat walapiat, teu kirang sandang,
> teu kirang pangan, tur ta salawasna aya dina pangaping sareng
> panangtayungan Alloh SWT, amiin.
> 
> Ranggon Panyileukan, 6 Pébuari 2007
> Baktosna
> 
> Dhipa Galuh Purba
> http://galuh-purba.com
>


Kirim email ke