Ari kuring mah ningali tina aspek kapamingpinan jeung
kakawasaan, katingali pisan kualitas pamingpin ngan
ngungudag Korsi (JOJODOG cenah saur Ambu Diana mah),
sok sanajan bari jeung mere alesan ngarasa
dianakterekeun. Pan aya hadisna, cenah tong milih
pamingpin anu ngungudag JOJODOG, moal pihadeeun pikeun
rahayat.
Jigana wae, lolobana kualitas pamingpin ayeuna siga
kitu. Nu matak, sistim naon wae anu dipake, bangsa
Indonesia hese "nyeunghapna".
Dasar pamingpin DODOL!

baktos,

mrachmat uidipura
hoyong moro jojodog bodo kototoloho

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> > "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Nya mangga bade janten provinsi sorangan oge.
> 
> Aya alusna, loba lowongan jabatan, loba lowongan
> pagawean, boh keur 
> PNS atawa keur para kontraktor. Provinsi anyar perlu
> jabatan/pagawe 
> da moal nyukupan umpama ti provinsi heubeulna
> wungkul mah,  perlu 
> oge  infrastrukturna (gedong-gedong keur gubernur,
> DPRD, Kepala 
> Dinas jrrd). Duit nagara pan beak tah keur ngarurus
> nu kararieu, ari 
> rakyatna kumaha? Ah eta mah soal engke, ari aya
> sesana .....
> 
> Nu kuring teu resep, eta awong-awongan pajarkeun teh
> Pantura teu 
> diperhatikeun beda jeung ka Priangan. Cik atuh tempo
> heula, 
> Indramayu jeung Cirebon jauh leuwih maju
> infrastrukturna tibatan di 
> pakidulan Jabar (Garut, Cianjur, Sukabumi). Ari bade
> ngadamel 
> provinsi sorangan mah, mangga teh teuing, da moal
> rugi keur kuring 
> mah, ngan eta tong make alesan nu teu paruguh kitu.
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke