PUNTEN KA KANG EKA,
iyue mah pangalaman abdi pribados,
kinten-kinten sasasih kapengker nampi telepon saurna ti telkomsel nu 
ngabewarakeun abdi kedah nelepon kantor pusat di jakarta, tah dipaparin weh 
noer jakarta kuanjeuna, nomorna teh, teras ku abdi ditelepon, surna teh abdi 
kengeng hadiah 10 juta cenah sareng bade ditransfer nya anjeuna teh nyungkeun 
nomor rekening abdi, teras miwarang telepon ka bagian keuangan  no : 
02132101125 atas nama bapak suganda/ ibu mila
pondokna ulah didangu pak, eta mah nipu tapi modus operandi na baru nyaeta:
urang dipiwarang ka atm teras ngalebetkeun pin bari nelepon anjeuna, teras 
urang dipiwarang nyebatkeun saldo urang + 10 juta hadiah tianjeuna tea janten 
sabaraha....! kitu pak, emutan abdi mah panginten pas urang di atm teh manehna 
nyobian lebet ka database komputer atm urang ( hacker naoan bahasa gaulna teh)
tah pami langkung lami urang ngobrol sabari lebet ka atm makin seueur 
kasempetan manehna norobos ka data urang pami benang mah pin urang, jebol wae 
panginten sadayana artos urang dicandak ku aranjeuna
hati2, pami aya nu kitu telepon call centre nu resmi taroskeun .......

baktos ti abdi
nu meh-mehan katipu

Regards

Arkhi Roslia Yuvie
  ----- Original Message ----- 
  From: Eko Ruska Nugraha 
  To: Urang Sunda 
  Sent: Friday, February 15, 2008 11:02 AM
  Subject: [Urang Sunda] Hadiah - Telkom/telkomsel


  Punten baraya ieu mah mamanawian kabaraya anu damel di
  telkom/telkomsel nembe teh pun bojo nelpon cenah mah meunang undian ti
  telkom/telkomsel cenah mah pembayaran telepon alus. Leres kitu ka
  baraya anu damel di telkom/telkomsel aya undian eta. Ari nelepon ka
  telkom jkt mah atos cenah ku pun bojo teh bener cenah, tapi hate teh
  asa teu tenang karena sering pisan kadangu panipuan....cing susugana
  aya ingpo ti baraya.

  baktos
  ern


   


------------------------------------------------------------------------------


  Internal Virus Database is out-of-date.
  Checked by AVG Free Edition. 
  Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008 
6:09 PM

Kirim email ke