punten kang, kamari bari jeung nafsu jadi emut deui bade ditipu batur janten teu sabar hoyong nyaritakeun punten pisan
Regards Arkhi Roslia Yuvie ----- Original Message ----- From: Eko Ruska Nugraha To: [email protected] Sent: Friday, February 15, 2008 9:11 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Hadiah - Telkom/telkomsel Hatur nuhun teh yuvie anu ...tadi siang teh nyacapkeun kapanasaran nelepon ka ua tito telkom surabaya, kitu deui ka kang amin telkomsel bogor teu aya saurna undian nu kitu sareng teu aya kerja sama sareng globaltv kanggo undian ieu. teras we sim kuring teh nelepon pun bojo ke pami aya nelepon deui sok we heureuyan terserah bd diheurayan naon wae. kirang langkung jam 2 siang aya nelepon deui nu rek mere hadiah teh.....ibu sudah siap cenah syarat-syaratna kalebet kedah meser pocer simpati...pokna pun bojo sudah teras pun bojo naros...ari ieu kerja sama sareng globaltv mana...indonesia atawa luar nagreg he he he...eta mah langsung cenah ditutup tlpna teh langsung ngacir sigana mah. teu hilap ua tito, kang amin hatur nuhun inpona. kanggo teh yuvie abdi nami sanes eka tapi eko he he he.....siga urang wetannya......eh leres ketang sim kuring mah urang wetan (tasik). baktos ern On 2/15/08, yuvie.bjb <[EMAIL PROTECTED]> wrote: PUNTEN KA KANG EKA, iyue mah pangalaman abdi pribados, kinten-kinten sasasih kapengker nampi telepon saurna ti telkomsel nu ngabewarakeun abdi kedah nelepon kantor pusat di jakarta, tah dipaparin weh noer jakarta kuanjeuna, nomorna teh, teras ku abdi ditelepon, surna teh abdi kengeng hadiah 10 juta cenah sareng bade ditransfer nya anjeuna teh nyungkeun nomor rekening abdi, teras miwarang telepon ka bagian keuangan no : 02132101125 atas nama bapak suganda/ ibu mila pondokna ulah didangu pak, eta mah nipu tapi modus operandi na baru nyaeta: urang dipiwarang ka atm teras ngalebetkeun pin bari nelepon anjeuna, teras urang dipiwarang nyebatkeun saldo urang + 10 juta hadiah tianjeuna tea janten sabaraha....! kitu pak, emutan abdi mah panginten pas urang di atm teh manehna nyobian lebet ka database komputer atm urang ( hacker naoan bahasa gaulna teh) tah pami langkung lami urang ngobrol sabari lebet ka atm makin seueur kasempetan manehna norobos ka data urang pami benang mah pin urang, jebol wae panginten sadayana artos urang dicandak ku aranjeuna hati2, pami aya nu kitu telepon call centre nu resmi taroskeun ....... baktos ti abdi nu meh-mehan katipu Regards Arkhi Roslia Yuvie ----- Original Message ----- From: Eko Ruska Nugraha To: Urang Sunda Sent: Friday, February 15, 2008 11:02 AM Subject: [Urang Sunda] Hadiah - Telkom/telkomsel Punten baraya ieu mah mamanawian kabaraya anu damel di telkom/telkomsel nembe teh pun bojo nelpon cenah mah meunang undian ti telkom/telkomsel cenah mah pembayaran telepon alus. Leres kitu ka baraya anu damel di telkom/telkomsel aya undian eta. Ari nelepon ka telkom jkt mah atos cenah ku pun bojo teh bener cenah, tapi hate teh asa teu tenang karena sering pisan kadangu panipuan....cing susugana aya ingpo ti baraya. baktos ern -------------------------------------------------------------------------- Internal Virus Database is out-of-date. Checked by AVG Free Edition. Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008 6:09 PM ------------------------------------------------------------------------------ Internal Virus Database is out-of-date. Checked by AVG Free Edition. Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008 6:09 PM

