Deur we kang lah.

Ari akang geus asak piker mah..

Da nu untung jeung rugina mah engke akang sorangan

Ngan.

Bisi jadi matak, kudu dimusyawarohkeun heula jeung kulawarga akang..

Anu satuju atuh syukur

Ari nu teu satuju kudu dipenta alesanana terus jelaskeun alesan akang

Masalah nu kieu ulah jadi megatkeun tali silaturahim jeung kulawarga.

 

Kade kang ulah ngagugulung nafsu, kudu asak mikir nu kieu mah

Bisi akang ayeuna keur kajurung ku nafsu da pedah ningali randa bahenol neng
nong

Aeh naha beut ngacapruk kieu.

Punten kang kos kumawantun...

 

Intinamah kang, karidloan kolot urang nu jadi dadasar kana ieu masalah..

 

Nuhun ah

' 

 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of AmanK Maya Suara
Sent: Friday, February 15, 2008 05:33 Zira
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Balasan: [Urang Sunda] Konsultasi-Nikah sareng Randa

 

Rampes...
Duh karunya teuing dulur aing anu wayah kawin....
Kang, jodo pati bagja cilaka mah rusiah Pangeran....

mun akan geus panceg mah, tetep dina kayakinan..... anu perlu dipenta ridona
indung bapa tiheula.... saterusna karek dulur anu deukeut....

der wae, penta ridho na kolot.... atuh eta dulur aya anu teu panuju, tempo
alesanna, lamun cek akang dasar alesanna teu kuat.... geus wae teruskeun...
ngan angger diobrolan mah kudu... bisi malah jadi matak.....

nuhun ah.
didoakeun muga digampangkeun urusanna

Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Sampurasun,
Kumaha damang sadaya baraya?

Saleresna beurat kanggo nulis didieu kanggo konsultasi, mung  kusabab  abdi
teu gaduh rencang kanggo ngedalkeun hate, Kapaksa nyerat didieu.
InsyaAllah kahoyong mah taun ieu abdi nikah. Namung anu janten masalah
picaloneun teh tos gaduh putra.
Picaloneun abdi, rerencangan abdi waktos sakola di SMA taun 1990-1993. teras
papisah. Anjeuna nikah gaduh anak 2, anu ageung kelas 4 SD anu alit nuju di
TK. Namung anu ageung sareng bapana di Bengkulu tinggal anu alit.
Pun biang mah demokratis pisan kasaha-saha ge teu ngawagel oge sabagian
ageung keluarga, mung hiji raka anu istri teu satujueun. 
Memang picaloneun abdi teh teu damel, di lembur wae. 

Kumaha nya?
Kanggo abdi mah Lilallahi Ta'ala, sadaya masrahkeun ka Allah sabab abdi mah
nyandak intisari islam nyaeta masrakeun diri ka Allah dina masalah ieu.
Insyaallah hate teu egois, ikhlas sareng sumanget. Sabab di pikir bulak
balik di beuweung diutahkeun ge tetep we moal aya  tiasa anu ngagentos. 

Duh tugas di luar Jawa deui...

Cik saha anu gaduh bongbolongan.....

Hatur nuhun...





www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 




Nuhun.

Cepot.
 <http://www.salakadomas.multiply.com> 
 <http://asia.groups.yahoo.com/group/kampung_tumaritis/>
www.kampung-tumaritis.com <http://www.kusnet.ning.com> 

  

  _____  

Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http:/id.answers.yahoo.com/>
Answers

 

Reply via email to