Punten kang bade mairan sakedik;
ku kaemut abdi mah teu aya salahna akang aya maksad ka etehna, mung kedah 
diemut teh :
1. kunaon sabab anjeuna papisah
bilih siga bdi papisan ku lantaran pajauh didamel duanana alim eleh mentingkeun 
padamelan, atuh pami kitu mah teu tiasa da saurna akang tugas luar jawa oge, 
tapi pami paisahna anjeuna kulantaran suamina midua eta tiasa dipercanten, 
2. masalah anakna eta ge kedah diemutan, komo deui ajeuna teu damel, berarti 
kan janten tanggung jawab akang, memang dinu agama islam mah teu wajib suami 
nganafkahan anak bawa istrina tapi ari istri teu damel lain tanggung jawab 
urang, beda deui sareng abdi, abdi oge kapungkur nikah sareng duda anak hiji 
padahal mah dibawa ku indungna eta budak teh angger weh bapana tanggung jawab 
tapi kaleuwihan nepi ka anak abdi teu dibere nafkah da ngaheulakeun anakna ti 
istri na nubaheula......kade tah kang, teu sagampang nu baheula ku urang 
dipikir pas bade nikah masalah anak teh, te acan deui pasti istri teh aya 
emutna ka putra na nu kahiji ah pokonamah pirieuteun kang, dumasar ka 
pangalaman abdi


Regards

Arkhi Roslia Yuvie
  ----- Original Message ----- 
  From: Jatigede 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, February 15, 2008 5:05 PM
  Subject: [Urang Sunda] Konsultasi-Nikah sareng Randa


  Sampurasun,
  Kumaha damang sadaya baraya?

  Saleresna beurat kanggo nulis didieu kanggo konsultasi, mung  kusabab  abdi 
teu gaduh rencang kanggo ngedalkeun hate, Kapaksa nyerat didieu.
  InsyaAllah kahoyong mah taun ieu abdi nikah. Namung anu janten masalah 
picaloneun teh tos gaduh putra.
  Picaloneun abdi, rerencangan abdi waktos sakola di SMA taun 1990-1993. teras 
papisah. Anjeuna nikah gaduh anak 2, anu ageung kelas 4 SD anu alit nuju di TK. 
Namung anu ageung sareng bapana di Bengkulu tinggal anu alit.
  Pun biang mah demokratis pisan kasaha-saha ge teu ngawagel oge sabagian 
ageung keluarga, mung hiji raka anu istri teu satujueun. 
  Memang picaloneun abdi teh teu damel, di lembur wae. 

  Kumaha nya?
  Kanggo abdi mah Lilallahi Ta'ala, sadaya masrahkeun ka Allah sabab abdi mah 
nyandak intisari islam nyaeta masrakeun diri ka Allah dina masalah ieu. 
Insyaallah hate teu egois, ikhlas sareng sumanget. Sabab di pikir bulak balik 
di beuweung diutahkeun ge tetep we moal aya  tiasa anu ngagentos. 

  Duh tugas di luar Jawa deui...

  Cik saha anu gaduh bongbolongan.....

  Hatur nuhun...





  www.friendster.com/sahman
  www.geocities.com/ex_orientelux

  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

   


------------------------------------------------------------------------------


  Internal Virus Database is out-of-date.
  Checked by AVG Free Edition. 
  Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008 
6:09 PM

Reply via email to