Baheula, waktu mimiti "ngumbara" ka Bandung, kuring sok kaget ku ngaromongna sok ditambahan kecap "Anjir", komo sanggeus nyaho yen kecap "anjir" teh tina kecap "anjing" (memaki). Kuring urang lembur, di Sumedangna oge lain di kotana, malah baheula, jaman kuring keur budak, listrik oge euweuh. Urang lembur lamun ngaromong memang sakapeung garihal, tapi nyaeta henteu ari make kecap "anjing" mah. Tepi ka ayeuna kuring, teu bisa lamun ngobrol make kecap "anjir" da nyaeta asa sarua wae jeung nyebut "anjing" ka nu diajak ngobrol.
Lain wae kuring nu risih ku kecap "Anjir", Pa Brahmantyo, geologist dosen ITB nu loba neuleuman geologi di Bandung, kungsi nulis di millis kisunda, cenah urang Bandung mah bener-bener saperti Sangkuriang, turunan anjing. Puguh atuh ngararambek, kaasup kuring jeung Ua Sas (lamun teu salah, bisa ditempo dina Arsip kisunda). Pa Brahmantyo pundung, kaluar ti millis. Tapi sigana mah rada "kanyenyerian"da geuning diobrolkeun ka kolegana., sabab kuring kungsi ngadenge ti kolegana (Pak Bandono), cenah ceuk Pak Brahmantyo urang sunda mah gampang ngambek, geus sidik eta kecap teh kurang pantes. Kuring ukur nyerengeh seuri, padahal nu harita rada "heuras" teh dina ngajawab postinganana kuring sorangan. Timana atuh awal muasalna kecap "anjir"? dua poe kamari kuring ngobrol jeung lanceuk perkara ieu. Cenah ceuk manehna, kecap Anjir teh mucunghul lain ti kampung dusun meledug nu teu kungsi ngahakan sakolaan, tapi ti kota, khususna ti Bandung. Ieu kecap sering diucapkeun ku Urang Cina dina ngambek ka pagawena, maksudna meureun, supaya peureus jeung karasa kanu dicarekanana. Nya kulantaran ari di kota mah jelemana campur, lain urang Sunda wae, teu pati ngarti yen ngucapkeun "anjir" teh sarua we jeung nyebut "anjing" kanu ngobrol, kecap "anjir" jadi populer, pangpangna di daerah "slum". Tapi kulantaran "dipikaresep" sigana mah, nya nerekab kamana-mana, pangpangna ka tempat-tempat sabudeureun Bandung (Sumedang, Garut ...jst), Kecap samodel kieu, aya dina unggal basa sejen oge, contona dina basa Inggris oge aya kecap "fuck" nu diumbar dimana-mana. Tapi sigana henteu ari dina hal-hal nu resmi jeung media publik mah. Biasana dina novel atawa pilem sok kaluar kecap-kecap ieu, meureun supaya saujratna nembongkeun kaayaan nu sabenerna dina dialog hiji masyarakat. Anjir oge kitu sigana mah, alus oge diasupkeun ka KUSnet, ngan alusna siga "kutrat-kotret"na Kang Ndull, nu siga "motret" kumaha dialog sabagian urang Sunda teh. Lamun dialog langsung, rarasaan teh masih karasa teu ngeunahna disebut "anjing" ku nu ngajak ngobrol ..... Cag ...ah ... Baktos, WALUYA