Aya sababaraha alesan, kunaon si kuring ngahaja ka
acara mieling poe basa indung.
Kahiji, nedunan panggero "getih goib".
Kadua, nedunan ondangan kang Ganjar.
Katilu, napak tilas hayang ningali aula Sanusi
Hardjadinata. Baheula (1985) jaman mahasiswa, nganjang
ka FIKOM Unpad, rombongan mahasiswa jurusan Ilmu
Komunikasi FISIP UI ditarima di Aula Unpad eta. Harita
mun teu salah mah, rombongan ti UI mondok di hostel
jalan Supratman (duka ayeuna masih aya keneh heunteu
nya?). Harita teh ngan kuring sorangan anu pirajeunan
mamanggul kamera video Sony. Mangkaning beuratna
kamera wae 5 kilo, ditambah taktak nahan
recorder-player Betamax anu beuratna 5 kilo oge.
Ngarekam acara maen basket para mahasiswi UI-Unpad.
(masih aya keneh kitu lapangan basketna?). Tas
nganjang ka Unpad, rombongan belenyeng ka Situ
Patenggang, Ciwidey. Nepi ka ayeuna rekaman video eta
masih aya keneh (ditransfer ka DVD). Taun kamari
waktu, aya rombongan FIKOM Unpad nganjang ka FISIP UI
di Kampus Depok, disuguhan rekaman video eta, para
dosen FIKOM Unpad karageteun.
baktos,
mrachmat uidipura
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Cariosna mah kieu, waktos aya riungan Kusnet di
> Bandung di kantorna Cupumanik waktos di Jl.Karawitan
> keneh, asana mah harita teh taun 2003 atanapi awal
> 2004, biasa nu hadir teh ti Kusnet, ti Cupumanik,
> aya kana 30 jalmi mah, malih kang Soni presentasi
> perkawis kaulinan (games) barudak dina wangun
> animasi, atuh Apih Sidik van Korea ge aya lengkep
> sareng ingkang garwa pleus putra, asana harita teh
> Apih Sidik ngabagi dasi.
> Kasiangnakeun jol Kang Ganjar Kurnia nuju jeneng
> Atase Kebudayaan di Perancis keneh harita mah, nya
> anjeuna masihan wawadi, diantawisna aya cariosan
> kieu "...naon pangna urang ngariung didieu, juljol
> anu timana anu timendi, teu kakurung kujauhna, teu
> kawengku kuwaktu, ngahaja hoyong patepung lawung,
> padahal teu hir teu walahir, euweuh pancakakina, anu
> ngajurung teh iwal ti getih goib anu aya di diri
> urang sewang-sewangan, getih goib Sunda.., da naon
> deui atuh..anu urang bisa ngalantarankeun ngariung
> kieu.."
> Nya aya leresna, da urang ge manjangkeun tali
> silaturahim dina milis ieu ge iwal ti eta, intuisi
> Sunda. Sigana hal eta anu diserat ku Kang Rachmat
> Rawyani ge hal getih goib teh. Kang Rachmat
> tuturubun ti Jakarta ka Bandung, mung saukur hoyong
> ningal kagiatan Mieling Poe Basa Indung di Unpad, da
> upami henteu ge teu janten matak, tapi panginten aya
> dorongan anu kuat, karna naon atuh, nya panginten
> getih goib tea.
> Tah ieu gambarna harita teh, waktos riungan di
> kantor Cupumanik tea
>
> MSasmita
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ