Taun 1972, waktu kuring kelas II SMA, babaturan nu urang Rancakalong, 
hariweuweus, cenah di lembur nu deukeut jeung  lembur manehna, keur aya 
gerakan ngabersihkeun para tukang teluh.

"Dibersihkeun kumana?", ceuk kuring teh.
"Nya dilekek", cenah bangun sugema, lemburna aman ti pagawean tukang teluh.
"Ah maneh mah, kumaha ngabuktikeunana, eta jalma tukang teluh?", ceuk kuring 
teh heran.
"Gampang, cirina lamun aya nu pasea jeung tukang teluh, nu maseanana sok 
gering, malah aya  nu tepi ka hanteuna"
"Lamun kitu mah, loba meureun nu dibersihkeun teh?"
"Geus tujuh urang!"

Saminggu saprakna paguneman kuring jeung babaturan, warta ngabersihkeun 
tukang teluh teh ngajeblag dina Pikiran Rakyat.  Korbanna pas 7 urang, 
saperti nu disebut ku babaturan. Ceuk warta eta teh,  tujuh urang nu 
disangka tukang teluh, ditelasan, terus mayitna dikuburkeun dimana wae. Nu 
jadi algojo urang lembur Tanjung siang Subang, cenah ngahaja disewa ku urang 
Rancakalong, da meureun teu pati tega ari kudu nelasan batur salembur mah. 
Harita Sumedang rada "geunjleung" sabab jarang aya kajadian samodel kitu, 
malah sainget kuring tepi ka ayeuna, ngan harita-haritana  kajadian samodel 
kitu di Sumedang. Waktu di sidang, pangadilan pinuh kunu hayang nyaho.

Ngagunusiksa batur ku jalan mistik, diurang disebut teluh, jarang disebut 
elmu sihir. Kapercayaan kana teluh kuat pisan diurang, salian  di 
Rancakalong  taun 1972, kajadian ieu sababraha kali mucunghul di Jabar 
bagean kidul sababarha taun katukang. Hanjakal ngabuktikeun ayana teluh, 
hese. Kungsi maca  cenah perkara teluh teh rek diasupkeun kana hukum positif 
pidana, keur nampung "aspirasi" masyarakat nu kuat keneh kapercayaanana kana 
teluh. Tapi duka lebet henteuna mah, nu jelas acan kungsi ngareungeu tukah 
teluh asup ka pangadilan kulantaran disangka neluh.

Ceuk cenah, di aturan jaman Majapahit baheula, aya undang-undang anti teluh, 
teu jelas jiga kumaha tah jalma baheula ngabuktikeun tukang teluh. Eta 
baheula, tapi ayeuna di Arab Saudi, lamun disangka jadi tukang sihir teh 
bisa dihukum atawa paling henteu ditewak pulisi. Saperti nu kaalaman ku 
Ruminih jeung Tari TKW ti Indonesia nu ditewak pulisi Arab Saudi, kulantaran 
disangka tukang teluh. Maranehna diasupkeun panjara terus disiksa. Sanggeus 
Indonesia "turun tangan", dua urang Indonesia nu keur sial ieu, poe ieu 
dibalikkeun ka Indonesia. Aya deui dua urang TKW nu tepi ka hanteuna disiksa 
ku dununganana, kulantaran disangka neluh dununganana!

Naha kumaha urang Arab Saudi boga bukti yeng TKW nu dikirim ti urang teh aya 
nu boga profesi Tukang Teluh? Tah ieu nu cilaka, kulantaran beda budaya tea. 
Bangsa urang sok percaya kana jimat atawa isim, biasana keur maksud 
kasalametan. Tapi mamawa jimat jeung isim ka Arab Saudi bisa jadi mamala, 
disangka jadi tukang Teluh. Dina warta sababraha bulan katukang aya TKW nu 
mamawa siki jambe (sigana mah keur jimat) , kapanggih, langsung dituduh 
tukang teluh. Meureun, siki jambe keur Urang Arab Saudi kaasup barang aneh, 
da di tanah arab mah euweuh tangkal jambe.

Teu di nagara sorangan, teu di nagara batur, dituduh jadi tukang teluh nasib 
bisa sial. Di urang bisa dikoroyok batur salembur, di nagara batur malah 
leuwih, sabab pamaretahna oge pipilueun percaya kana teluh ...leuwih cilaka 
deui.


Baktos,
WALUYA














Kirim email ke