ayeuna mah jaman "teluh ingkig", make bedog atawa pestol. he..he..he..

kuring sakapeung masih keneh manggihan jalma anu, lamun kiih, dompetna di
tunda heula, teu dipake/disimpen di saku. siganamah dina dompetna aya
jimatan. bisi luntur meureun khasiatna.
repot amat nya ?

malah di taun 2008, jaman HP jeung komputer, di daerah pelosok mah, masih
keneh kandel kapercayaan kana teluh, pelet, isim, dsb.

in case sagala isim, teluh jeung pelet tea bener-bener "berfungsi",
jelas-jelas ieu teh salah sahiji tarekah si Syetan Idazil La'natulloh, anu
hayang mengkolkeun akidah manusa, mangnyandungkeun Gusti Allah.

sok sanajan eta isim teh eusina kutipan-kutipan ayat quran jeung di jieun ku
"mama ajeungan kyai Anu", lamun urang ngagantungkeun kasalametan kana isim,
wallahu alam, Pangeran sigana ngahukuman sirik kana eta kalakuan.


Lamun kuring : teu teurak di kadek jeung di bedil, bisa "ras jleg"- indit ka
mamana cukup ku diniatan, terus jleg tepi ka tujuan, terus deui bisa
ngaleungit, salian ti eta bisa mancala putra mancala putri.
he..he..he..
Beak siah para koruptor teh di peuncitan ku Aing mah. :)






On Thu, Mar 6, 2008 at 11:06 AM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>   Lamun aya nu masih percaya kana ayana hal ghoib, teluh, teu teurak
> dikadek jeung sajabana eta diwajibkeun. Kudu percaya! Sabab aya makhluk nu
> jadi perantara nyaeta "Jin"
> Tapi mun aya keneh nu muntang salain ka Allah, saperti Jimat, isim,
> khadam, bahkan ka Jalma atawa Jin. Eta diharamkeun ku Allah asup syurga.
> Sabab nu kitu kaasup syirik nu kacida ageungna nyaeta menta pitulung salian
> ka Allah. Midua....
> Hoyong teu teurak ku teluh mah, aqidah urang kudu mantep, kudu inget yen
> Allah nu maha kuasa tina sagala kakuatan. Lamun tos keuna, enggal nga-ruqiah
> diri. ku urang nyalira. Sabab mun urang percaya yen ustadz nu dipiwarang
> ngarukiah bakal nyageurkeun, eta termasuk syirik oge. syirik ka jalma.
> Wallahu alam
>
> Tuh geuning, teu jaga-jaga teuing walesan ti Allah kanu sok midua Anjeun
> na mah, didunya keneh geus keuna.
> Ka US nu masih keneh ngangge jimat, enggal piceunan .....tos teu jaman
> ah..
>
> *Waluya <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Taun 1972, waktu kuring kelas II SMA, babaturan nu urang Rancakalong,
> hariweuweus, cenah di lembur nu deukeut jeung lembur manehna, keur aya
> gerakan ngabersihkeun para tukang teluh.
>
>

Kirim email ke