Kanggo Kang Tessar, ieu ku kuring diposting deui, postingan kuring baheula 
di KUSNET. Sumberna tina buku "Tarikh Islam", karangan Prof. K. Ali, 
nyanggakeun:

Samemeh kuring neruskeun perkawis Dinasti Abbasiyah nu ngagentos Dinasti
Umayyah, kuring rek balik heula ka tukang, soal Bani Umayyah jeung Bani
Hasyim di suku Quraisy di Mekkah. Di suku Quraisy aya dua kolompok
kulawarga nu ageung pangaruhna, nu asalna mah sakaturunan, nyaeta Bani
Umayyah jeung Bani Hasyim. Dua "bani" ieu teu pati akur, sok papaseaan wae,
sanajan sami urang Quraisy. Kangjeng Nabi sareng Ali bin Abu
Thalib kalebet ka Bani Hasyim, ari Abu Sufyan kalebet ka Bani Umayyah. Jadi
upami Abu Sufyan dengki teras-terasan ka Kangjeng Nabi, tiasa diurut ti para
karuhunna, anu memang teu pati alakur. Tapi waktos Kangjeng Nabi naklukkeun
Makkah, Abu Sufyan nyerah, teras lebet Islam. Muawiyah putra Abu Sufyan
dicandak ku Kangjeng Nabi dijantenkeun sekertaris anjeunna, margi Muawiyah
teh jalmina pinter. Kitu deui saderek istri Muawiyah dijantenkeun Istri
Kangjeng Nabi. Ku jalan kieu, mumusuhan dua "Bani" ieu tiasa ditengtremkeun.

Ngan hanjakal saatosna Nabi pupus, pangpangna waktos Khalifah Ustman
manggung, mumusuhan Bani Umayyah sareng Bani Hasyim mucunghul deui, kumargi
Khalifah Ustman kalebet Bani Umayyah. Mumusuhan ieu tambah ragot di jaman
Ali bin Abu Thalib janten Khalifah, dimana Sayidina Ali perang sareng
Muawiyah nu janten Gubenur Syria. Sawaktos Ali pupus, Muawiyah ngadegkeun
Dinasti Ummayah di Damascus. Mumusuhan dua Bani ieu puncakna waktos
Husein bin Ali, putu kangjeng Nabi ditelasan di Karbala.

Dinasti Abbasiyah diadegkeun ku cara revolusioner dina ngaruntagkeun Dinasti
Umayyah. Anu ngadukung Dinasti Abbasiyah nyaeta Tokoh-tokoh Bani Hasyim,
Kaum pendukung Husein (Syiah) jeung Mawalli (Muslim non Arab) nu ngarasa
dianak-terekeun ku Dinasti Umayyah. Pendiri Dinasti Abbasiyah nyaeta ABU AL
ABBAS AL SAFFAH (750 - 754 M/ 133-137H) nu ngelehkeun Pasukan Marwan II
(dinasti Umayyah). Marwan lumpat ka Mesir, tapi akhirna ditewak teras
ditelasan. Abu Abbas diangkat jadi khalifah ku pengikutna di masjid di Kufah
Irak di tahun 133H (750M). Tindakan pangheula nu dilakukeun ku Khalifah nu
anyar dilantik ieu nyaeta ngabasmi nepi ka beak turunan Dinasti Umayyah.
Turunan Dinasti Umayyah dibeberik kamana-mana, teras ditelasan. Paman Abu
Abbas nu namina Abdullah, ngondang turunan Dinasti Umayyah di acara tuang
kanagaraan, tapi nuju tuang teras sadayana ditelasan. Dinasti Umayyah,
dibasmi henteu wae anu hirup, tapi oge anu geus dimakamkeun. Makam-makam
Dinasti Umayyah dikali, tulang-talengna dikaluarkeun teras diduruk. Tapi
salah saurang Dinasti Umayyah tiasa nyalametkeun diri, nyaeta ABDUR RAHMAN,
anjeunna akhirna tiasa ngadegkeun kakawasaan Bani Umayyah di Spanyol.

Abu Abbas ku kakejemanana gaduh gelar AL SAFFAH nu hartosna "si Penumpah
Darah" (hese nyundakeunana). Tapi ku kakejemanana ieu masihan pangaruh nu
ageung ka kakawasaan Abu Abbas, kakawasaanana salaku Khalifah diaku di
sakabeh wilayah Asia, Mesir jeung Afrika Kaler. Abu Abbas teu lami marentah,
anjeunna pupus saatosna marentah 5 taun. Tapi sateuacanana pupus anjeunna
nunjuk saderekna ABU JA'FAR AL MANSHUR (137-159M/ 754-775M).

Saha atuh Abu Abbas Al Saffah pendiri Dinasti Abbasyiah teh? Anjeunna
kalebet Bani Hasyim. Silsilahna kieu. Akina Kangjeng Nabi, Abdul Muthalib
gaduh putra, Al Abbas, Abdullah (ramana Kangjeng Nabi) sareng Abu Thalib
(ramana Sayidina Ali). Al Abbas rakana Abdullah (janten Uana Kangjeng Nabi)
gaduh putra Abdallah, apaputra ka Ali bin Abdallah apaputra Muhammad bin Ali
apaputra ABU AL ABBAS AL SAFFAH, janten turunan ka lima ti Abdul Muthalib,
panginten bao mun di urang mah.

Dinasti Abbasyiah cukup lami nyepeng kakawasaan kekhalifahan Islam. Di Jaman
Dinasti Abbasyiah Islam langkung majeng deui. Harun Ar Rasyid khalifah nu
kasohor arif jeung bijaksana, anjeunna khalifah nomor 5 ti dinasti
Abbasyiah. Di jaman Dinasti Abbasyiah ieu aya dongeng Abu Nawas, Nasrudin
jeung 1001 malam nu dipakaresep ku urang Barat dugi ka diterjemahkeun.

Kumaha riwayat Abdur Rahman, turunan Bani Umayyah, nu salamet, teras
ngadegkeun karajaan Islam di Spanyol? ...............engke upami payeng
urang sambung deui.

Baktos,
WALUYA

Reply via email to