Mangga teraskeun seratanna...
nuhun Kang

  ----- Original Message ----- 
  From: Maman Gantra 
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Wednesday, April 30, 2008 12:27 PM
  Subject: [Urang Sunda] Perkara Furu dina Khilafiyah #1




        Perkara Furu dina Khilafiyah



        Judul Buku : Pembahasan Tuntas Perihal Khilafiyah, meluruskan 
persoalan-persoalan yang banyak diperselisihkan di kalangan umat Islam. 

        Pangarang     : HHM Al Hamid Al Husaini

        Penerbit        : Pustaka Hidayah, Bandung, 2007, citakan ka tilu.

        Kandel          : 946 kaca.

        Harga           : Poho deui.



        Saencan ngamimitian, bisi salah harepan, kuring rek sasadu heula: 
Sakumaha dina perkara lianna, kanyaho kuring ngeunaan bagbagan agama deet 
kacida – mun teu disebut euweuh pisan ge. Kuring lain bae teu kungsi ngaji 
atawa masantren, tapi oge saeutik pisan maca buku-buku agama. Boh nu Basa 
Sunda, Basa Indonesia, komo nu Basa Arab mah – da teu ngarti. Kaweruh kuring 
ngeunaan agama, lian ti diajar maca Qur’an keur leutik ka bapa jeung di 
masigit, pangajaran agama mangsa sakola, jeung macaan buku tadi; kuring leuwih 
loba mulungan tina obrolan atawa pangajian-pangajian nu sipatna teu maneuh 
jeung teu sistematis. Kaharti mun deet jeung loba bolongna, oge – alatan 
perkara IQ jeung kandelna dosa -- loba nu teu nerapna, Di mana aya ge nu napel, 
geus kasawang saeutikna. Encan nu mareplekan deui, kasered ku virus “sifilis” 
(sekulerisasi, filsafat, jeung liberalisasi). Atuh nu geus ipis teh leuwih ipis 
deui bae. Meh euweuh. 

        Anapon dina perkara buku agama tadi, saayeunaeun, kuring sabenerna keur 
“balik deui kana text”, macaan buku-buku manhaj salafy – pikeun nguatan akidah 
oge prak-prakan cara ibadah. Tapi, basa sawatara bulan ka tukang manggih ieu 
buku kuring langsung kumetap. Aya jorojoy hayang maca. Lain bea ku kandelna, nu 
nepi ka 946 kaca; tapi oge – nu utama -- ku judulna: Pembahasan Tuntas Perihal 
Khilafiyah, meluruskan persoalan-persoalan yang banyak diperselisihkan di 
kalangan umat Islam.

        Enya. Dina zaman kieu masih keneh ngomongkeun perkara khilafiyah, nu 
umumna kadar ngeunaan hal-hal furu, perkara nu lain prinsip? Sanajan, sakumaha 
ditegeskeun ku kiai-kiai Persis taun 30-an, atawa sakumaha nu diprakkeun ku 
kiai-kiai “salafiyah” sorangan dina amal-amalannana, perkara furu (ge) teu bisa 
dilalaworakeun. Sabab, perkara “cabang” eta pakait jeung akidah – bisa 
mertelakeun pangaruh katut bisa mangaruhan akidah. Sakumaha diajarkeun ku para 
sepuh kapungkur, prak-prakan wudu ge pan sakitu “ribet”na? Nepi ka remen 
disebut kaleuleuwihi. Awahing ku tarapti jeung ati-atina. Alatan, nya wudu nu 
dianggap lawang pikeun ibadah utama: Solat. Dina emutan aranjeunna, kurang 
leuwih, mun wuduna lalawodeh, solatna ge leuwih gampang malaweungna – mun lain 
ngacapruk ge. Kukituna, teu aneh mun dina ngajarkeun perkara bagbagan wudu aya 
kiai nu ngariwayatkeun kumaha ngadegdegna panangan Imam Ali Zaenal Abidin 
waktos anjeunna ngumbah panangan. Pon kitu deui sawan kuyana Syaikh Az Alsari 
nu kateterasan wireh anjeunna kantos hilap waktos ngumbah panangan dina wuduna 
– mung dua kali, teu jangkep tilu kali – bari aya soanten nu ngontoreng dina 
cepilna, nyawad sareng ngemutan kaalpaan anjeunna eta.

        Leuwih ti kitu, “ahengna” ieu buku nya alatan rentulna buku-buku salafy 
tea. Kaasup reangna jamaah nu papada nyebut dirina salaku ahlus sunnah, kaasup 
hiji kios jeung toko buku di Kwitang nu nyebut toko jeung kiosna Toko Buku 
Ahlus Sunnah – nepi ka sawatara bulan ka tukang, hiji komunitas ngabahas 
perkara ieu ku ngondang sawatara inohong ti masing-masing firqah. ”Matotoskeun” 
saha jeung nu kumaha satemenna aswaja teh? Karuhan ku lobana barudak ngora nu 
miara janggot, dicalana pangsi, na pesakna – lian ti PDA atawa HP -- teu weleh 
aya Qur’an leutik. Ari ieu bet nyabit-nyabit perkara khilafiyah? Na kamana 
losna?

        Cohagna mah ieu buku teh narik ati kuring. Sok komo basa mukaan daftar 
eusina. Ieu buku teu ngabahas ngeunaan talqin, qunut, posisi leungeun sanggeus 
ruku jeung sawatara perkara amal ibadah lianna nu remen jadi soal khilafiyah di 
masarakat salila ieu. Tapi, leuwih lega deui: Sunnah jeung Bid’ah, Ngagungkeun 
Kanjeng Nabi SAW, Syafaat, Wasilah, Tawasul, Tabaruk, nepi ka perkara tasbe 
jeung asupna Islam ka Indonesia jeung Asia Tenggara. Malah, lian ti peran kaum 
Awaliyin dina kahirupan bangsa urang ti baheula nepi ka kiwari jeung silsilah 
raja-raja Solo nu jucung nepi ka Kanjeng Nabi SAW, biografi Imam Syafi’i ge aya 
pisan. Hartina, nu disodorkeun ku ieu buku teh lain bae perkara ibadah (jeung 
akidah). Tapi, oge sumarambah kana sajarah. Pepek kacida.

        Sok komo sanggeus kuring maca eusina. Tetela, Syekh Al Hamid teh ulama 
nu leubeut kaweruhna. Anjeunna lain bae nyodorkeun hadist jeung nash-nash Al 
Qur’an pikeun mageuhan hujahna dina perkara khilafiyah amal-amalan atawa 
ibadah. Tapi, oge mertelakeun pamendak ulama-ulama sanesna dina perkara sajarah 
jeung filsafat – kalebet pamendak sawatara sarjana non muslim. Hiji di 
antarana, nu di urang arang disebut-sebut: Chateaubriad – elmuwan Prancis abad 
19. Karuhan sarjana-sarjana lian nu memang geus moyan dina kahirupan 
intelektual (boh sekuler, boh kaagamaan) Indonesia mah, saperti  Ibnu Taimiyah, 
As Sayuthi, van Den Berg, von Ronkel, Gustave Le Bon, Snouck Hugrounje, Husen 
Djajadiningrat, jste. 

        Nu matak helok kuring, Syekh Al Hamid dina bukuna ieu bisa 
ngagambarkeun Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah salaku ulama nu moderat. Padahal, 
saperti geus dipikawanoh ku urang sarerea, paling heunteu ku kuring, 
fatwa-fatwa Syaikhul Islam ieu nu remen jadi hujah kiai-kiai nu “keras”, nu 
teges-teges ngaharamkeun tawassul lian ti ka Allah SWT, manakiban, solawatan, 
jarah, jste. Nepi ka maca solawat dina solat ge sirikna ngaharamkeun nyebut 
“sayidina Muhammad”. Ngajaga bisi tikosewad kana musyrik. 

        Conto kumaha “moderat”-na Ibnu Taimiyah dina ieu buku, waktos Syekh Al 
Hamid medar perkara tawasul. “Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah dalam beberapa 
kitabnya menegaskan, bahwa ber-tawassul dengan Nabi Muhammad saw diperbolehkan. 
Ia tidak membeda-bedakan apakah tawassul itu dilakukan orang selagi Rasulullah 
saw masih hidup, setelah wafat, di hadapan beliau sendiri atau pun di luar 
pengetahuan beliau. Pendapat Imam Ahmad bin Hanbal dan Al-‘Izzu bin Abdussalam 
yang memperbolehkan orang ber-tawassul pun diketengahkan juga oleh Ibnu 
Taimiyah dalam Al Fatawil-Kubra” (pada ka tilu, kaca 222). 

        Sanajan nyutat pamendak Ibnu Taimiyah tadi dina perkara “Pengertian 
Tawassul Menurut Ibnu Taimiyyah”, oge ngangge kocap “dengan” – lain “kepada” ; 
ku nyodorkeun hal eta Syekh Al Hamid sapertos nu nyebatkeun yen Ibnu Taimiyah 
nyaluyuan prak-prakan tawasulan sakumaha nu diprakkeun ku sawatara komunitas di 
urang. Tetela, siga ceuk tadi, Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah dina buku ieu mah 
katingalna  “moderat”. Jauh tina “keras”. Sok komo, dina bagean lianna, Syekh 
Al Hamid seueur nyutat pamendak Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah pikeun mageuhan 
pamendakna.

        Dina perkara asupna Islam ka Nusantara, sanajan sajorelat, Syekh Al 
Hamid nyabit-nyabit perkawis Sayid Jamaluddin. Ieu inohong, nu numutkeun hiji 
buku nu dicutat ku anjeunna, sakumaha wali songo lianna, masih kokocoran ti 
Kanjeng Nabi SAW. Tah, saatos sawatara lami calik di Aceh, Sayid Jamaluddin 
balayar ka Jawa. Persisna ka Semarang. Ti Semarang anjeunna badarat ka 
Pajajaran. “Di Pajajaran Sayyid Jamaludin bertempat tinggal. Hal itu terjadi 
pada masa akhir kekuasaan raja-raja Jawa di Pajajaran, yakni beberapa tahun 
sebelum kekuasaan raja-raja Jawa di Pajajaran berpindah ke tangan Majapahit” 
(pada ka dua, kaca 774). Saatos sawatara lami linggih di Pajajaran, ieu sayid 
angkat ka Jawa Timur. Nyeluk saederekna, Sayid Muhjiddin, kangge ngagentoskeun 
anjeunna di Pajajaran. Mun teu salah inget, sawatara buku ngeunaan sajarah 
Tatar Sunda, hususna ngeunaan sajarah Islam di Tatar Sunda, nyebat-nyebat nami 
Syech Muhjiddin ieu.

        Mun maca kalimah di luhur, nu nyebutkeun “raja-raja Jawa di Pajajaran”, 
salaku urang Sunda, tangtu bae urang bakal curinghak. “Jawa di Pajajaran”?. 
Tapi, di dieu sigana salah sahiji “kalemahan” Syekh Al Hamid teh: Sakumaha kaum 
kolonial baheula, anjeunna, atawa nu nulis kitab nu dicutat ku anjeunna, masih 
nganggap Sunda salaku “varian” Jawa – nepi ka Tatar Sunda ge disebut “Jawa 
Barat”. Perkara ieu oge nu, mun teu salah, dijentrekeun ku Mikihiro Moriyama 
dina tesisna nu sawatara waktu ka tukang kungsi jadi kacapangan balarea, 
Semangat Baru.  

        Pon kitu deui padalisan “berpindah ke tangan Majapahit”. Katingalna, 
Syekh Al Hamid rada sologoto. Nyutat asal nyutat bae, teu disarengan ku sikep 
nu kritis. Sabab, nu geus jadi kaweruh umum: Pajajaran teu kungsi “berpindah ke 
tangan Majapahit”. Mun arek ge ka Mataram. Malah, pan, disebutkeun “Sunda 
dikuasai ku Mataram” ge teu sakabeh ahli sapuk? Sabab, “taluk”na sawatara 
kandaga lante urut Pajajaran teh teu saperti – kadar conto -- talukna Madura. 
Sanajan, dienyakeun ku kabeh ahli, “silaturahmi” Mataram jeung patilasan 
Pajajaran teh ngaguratkeun pangaruh budaya nu panjang di Tatar Sunda. Nepi ka 
kiwari. 



        Maman Gantra
        Jalan Salemba Tengah 51,
        Jakarta 10440.
        0812-940-5441 




------------------------------------------------------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now. 

   

Reply via email to