".............masalah khilafiyah teh masalah ijtihadiyah, moal faham
satemenna faham mun urang teu memenuhi syarat mujtahid anu syaratna kacida
loba jeung hesenya. diantawisnya : kudu nyaho jeung faham kana ilmu bahasa
Arab (nahwu, shorof, mani, badi, balaghah, arudh, mantek jeung sajabana)
kudu nyaho kana sagala rupa anu ngenaan elmu al-Qur'an (muhkam, mutasyabih,
qathi, dhanni, nasakh, mansukh, asbabunnuzul, ilmu korelasi tentang ayat,
ilmu qira'ah jeung sajabana), ilmu hadis (anu ngenaan matan hadis/dirayah,
oge anu mengenaan riwayat hadis/riwayah dua induk ilmu ieu oge ngagaduhan
cabang-cabang elmu lain), kudu apal kana ijma ulama, apal kana qiyas, tarikh
tasyri, ilmu ushul fiqh, qawaid fiqhiyyah  jeung sajabana-jeung sajabana...
tah kusabab kitu, kacida hesena nya mun urang jadi mujtahid......kudu luhung
ku elmu loba ku pangabisa, jeung beunghar ku pangarti... tah banguna
urangmah mungkin moal nepi kawas kitu..
paling urang mah kur bisa memahami pola pikir mujtahid, naon sababna
mujtahid  ngagaduhan  pemikiran kawas kitu.... tah, syarat nepika bisa
memahami pola pikir mujtahid oge lumayan seueurna, mungkin ised seutik ti
mujtahid. para ahli fiqh nyebatna muttabi.. nyaeta jalmi anu ngiringan kana
pendapat/pola pikir mujtahid.
ari ukur ikut-ikutan, tuturut munding kana pendapat mujtahid mah disebatna
muqollid.

anu ngajadikeun masalah khilafiyah rame wae, kadang-kadang pipaseaeun
kulantaran marebutkeun pepesan kosong, debat kusir, dua kubu teu apal naon
substansi anu dipaseakeun teh...kulantaran teu make elmu... tah loba pisan
jalma anu nisful aalim (satengah nyaho, atah adol,..) nyayahoanan/sok tahu
saolah-olah manehna teh mujtahid, padahal tingkatan muttabi oge can
kahontal.... eta pedah ngeus disebut ustad atawa kiyai.....hehe... era
nyebutkeun can nyahomah, bisi ngurangan..........."



Ari sanggem abdi mah soal debat kusir atanapi depat dina Sadomah..teu aya
hubungan sareng nguasaan Elmu2 Al Quran sareng hadits...upami anu
didepatkeunna nyaeta hal2 anu KONSEPTUAL alias essensi ajaran Islam sebagey
agama unggul anu universil....Ilmu Al Quran sareng hadits pan dianggo kangge
nunjang KAIMANAN urang kana agama Islam tea.....FAKTANA yen aya RATUSAN
aliran pamahaman ngabuktikan ka urang...yen Imu Alquran sareng Ilmu hadits
teu tiasa ngayakinkeun jelema...kunaon make aya beda PANAFSIRAN SAGALA lamun
Ilmuna SARUA ??? Tah didieu meureun anu kedah dilenyepan kuurang
sarerea....Ilmu haditz pada umumna samacam "Prosedur" kumaha nganyahokeun
yen Hditz teh bener/asli, dianalisa Parawina, syarat2na jadi
Parawi,......pokona mirip2 siga pananglungtikan Sajarah...Tangtangan ayeuna
cenah aya sakitar 115,000 rebuan Hdits palsu...ari anu parantos katalungtik
asli mah ...cenah ngan sakitar 15,000 -19,000 ( mugi anu gaduh data langkung
akurat ....) .

Debat sado ..aeh..kusir bakal aya lamun ngarenyomkeun hal2sapertos kieu ...;
1. Kuanaon aya aliran pamahaman anu teu nyekel Al Hadits...kunaon nya ?
2.Ngadu enyomkeun kunanon Kangjeng Nabi nyarios sapertos dina Haditz ....
3. Ngadurenyomkeun eusi Haditzna ; Naon latar belakangna, nao Konteksna,
naon niley bingbingnan ka Ummat Islam, naha baka kaanggo saumur zaman
atanapi henteu, naon Kontekstualna akna kahirupan zaman Kangjeng nabi
dibanding Kontekstualna kana kahirupan urang kiwari, teras sapertos
biasana seueur  jalmi hararobi debat TEKSTUALNA.....tah didieu
timbul...ahli2 bahasa Arab...budaya Arab kuno....jst...jst..unjung2na
...debat ksir....dua domain anu benten..diadu renyomkeun..hasilna..Tukang
sado......

Reply via email to