> From: Tessar Wardhana
>  Coba mun
> pencetusna ti ruhayat sorangan mah teu perlu
> ngorbankeun rebuan ruhayat sorangan pan?

Ke heula ari nengetan sajarah teh kudu adil, ditempo ti sisi ti gigirna. 
Kalakuan Daendels, kajadianana leuwih ti 200 taun katukang. Jaman harita 
masih dianggap wajar ngerahkeun rakyat sina "kerja rodi", komo rakyat 
jajahan mah. Eta mah masih mending lamun dibandingkeun jeung para pedagang 
budak belian nu newakan urang hideung siga moro sato di Afrika. Para 
pedagang  jeung "tukang moro" budak belian teh umumna urang Arab. 
Budak-budak belian dikumpulkeun di pasar budak, di  Dar Er Salam, Tanzania. 
Terus dijual ka pedagang kulit putih, nu masarkeun budak belianana di 
Amerika Serikat. Mangga geura tingali film "Root" atawa aos novelna, lalakon 
negro Amerika nu nyusud asal-usul karuhunna.

Atuh Kekahlifahan Turki Othoman oge geus kakoncara ku katelengesanana. Salah 
sahijina, anyar-anyar ieu dibejakeun hubungan Turki jeung Perancis rada 
tegang, sabab Perancis nuduh Turki jaman Othoman ngalakukeun genoside di 
Rumania.  Tantara Turki Othoman disebut JANESARI, umumna asalna ti daerah 
Balkan (Bosnia, Serbia, Albania jst). Ieu tantara tadina barudak lalaki nu 
can pati hideng, dibandang ka Turki, terus dididik sina satia ka Khalifah, 
sabagian malah DIKABIRI (KASIM). Nu dikabiri tugasna ngajaga istana Sultan, 
pangpangna koleksi harem (Selir) Sultan nu bisa ratusan urang ....

Bangsa urang? Sarua wae, kungsi ngalakukeun katelengesan. Nu paling gede, nu 
dilakukeun ku Orba (Suharto) ngabantai bangsa sorangan ratusan rebu jalma, 
kulantaran disangka PKI. Ayeuna anyar keneh, katalengesan malah 
"dikampanyekeun", aya nu khotbah nu filmna nyebar di Youtube, nitah maehan : 
"bunuh...bunuh...bunuh ......!"

Daendels mungkin enya telenges, ngan bangsa urang teu daek diajar tina 
sajarah!

Baktos,
WALUYA
 

Reply via email to