Sanes bebas pajak..dina istilah paushaan Minyak aya istilah "5 taun holiday'
tina DMO. Ari pajak pausahaan tina panghasilan  Minyak mah dibayar unggal
tahun anu ageungna dina *kisaran 56% tina net revenue.* Upami hoyong detil
tiasa ditingal di web www.bpmigas.com.

Manajemen Operasi pausahaan dina Pangawasan Investasi 100% dicepeng ku
BPMIGAS, Oge kumaha carana investasi diawasan 100% ku BPMIGAS. Kakara
palaksanaan operasi jeung panerapan Pangaweruh teknik jeung Rekayasa
diserahkeun ka Pausahaan. Anggaran jeung Program Kerja 100% kudu disatujuan
ku BPMIGAS.

Tibalik pangbagianna, anu ageung Nagara atuh !. Kedah kitu, pan SDA na anu
rakyat !  Ari bagian bagi hasil bersihna (PSC, KKS) mah mun minyak 15
Pausahaan, 85% Nagara. lamun Gas antara *70-75 % Nagara* sareng 25-*30%
Pausahaan*. Modal usaha 100% KUDU ditalangan heula ku Pausahaan. Nagara mah
teu boga duit (makana teu muncul di APBN), ieu kedah teh kontan unggal taun.
Mun modal na meunang nginjeum, pamarentah teu mayar bungan, tapi bubga
ditanggung Pausahaan,jeung kudu dikaluarkeun tina anggran (kulantaran anu
bisa asup PSC/KKS dianggap mangpu, lamun nginjeum duit risiko sorangan mayar
bungana). Kinten2 siga maro domba lah !


On 5/15/08, firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Wah leres eta teh Kang ?
> sakaterang mah 70-30
> 70 swasta 30 nagara
> anu 30 teh dina bentuk artos ....... enya oge panginten dasarna tina
> produksi
> mung anu 30 termasuk pajak PPh, PPN jrrd
>
> jadi meureun anu 70 geus bebas pajak .......
> punten jadi rada suudon yeuh ka pausahaan swasta minyak
> maranehna teh ..... bebas pajak 5 tahun
> bebas pajak tina anu 70 %,  da 30 % bagean pamarentah teh kaasup pajak
> nya ... saumur umur tara mayar pajak atuh ...
>
> tapi kang lamun aya lowongan bejaan kuring
> rek ngajleng ah ... ka pausahaan minyak
>
>
>
>
>
> *H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Kang yadi, lepat ari munak diijonkeun..henteu..minyak mah komoditas
> numutkeun harga pasaran..kaleresan pan abdi kaleresan icikibung didunya
> perminyakan (bagian ngala jeung ngalolana)...malah pamarentah nganikmatan
> DMO. Sagala Pusahaan saparantos 5 taun, kedeah ngical minyak mentah WAJIB 
> ngical
> 20% tina jumlah produksina ngango harga ngan 10% harga pasar. Mun dina
> harga ayeuna ngan $ 12/barrel. Janten saleresna Pausahaan minyak anu
> produksina ageung (saha wae) ngasubsidi ka pamaentah teh dina bentuk
> DMO(Domestic Market Obligation). Keur pausahaan Gas nau anyar2 ieu oge sami
>
>
> On 5/14/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>   H Surtiwa wrote:
>>
>>  PLN tos ti taun 1991...parantos dideklarasi ku BAPENAS  kirang sae
>> atanapi teu aya Planning atanapi teu mangpu nyumponan kacepetan kabutuhan
>> energi kangge pangwangunan 17 taun tos ngaliwat...malah leuwih parah....tapi
>> masyarakat oge sareng LSM aya andil...PLTN Muria teu disokong.............
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
>
> 
>

Reply via email to