Bade nerasken ieu saepisan :
Kunaon mani spektakuler, cenah mah pedah wae 100 taun
sakali diayakeun. Waragadna jigana ditangkes ku
swasta, soalna ketua panitiana Chairul Tanjung, bos
Trans TV sareng TV7.(padahal asa leuwih mangpaat,
lamun waragad eta pikeun mantuan rahayat anu
katalangsara) . 
Si uing pikir indonesia teh kudu wani nyeungsueriken sorangan aya sauetik 
hudang ngalawan 
katinggaleun anu di sebut bangkit tea 
Baktos ti abdi
 

----- Pesan Asli ----
Dari: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Rabu, 21 Mei, 2008 12:39:09
Topik: [Urang Sunda] Oleh-oleh peringatan 100 taun Kebangkitan


Kumargi teu tiasa nungkulan acara di Trowulan, tibatan
nyamos heunteu kenging nanaon, nyobi-nyobi ngiringan
"acarana" SBY di Stadion Gelora Bung Karno Senayan.

Nyaksian pangeling-ngeling 100 taun kabangkitan
nasional ti kacaketan, si kuring ngan bisa komentar
"Spektakuler" . Pengerahan massa anu luar biasa,
stadion pinuh. Pangaosan(Badan Koordinasi Majelis
Ta'lim/BKMT) HJ.Tuti Alawiah wae aya 30 rewuna, paduan
Suara mahasiswa UI 5000 urang dijemput ku 100 an beus,
aya pelajar, pramuka, kelompok senam,LSM, pokona jalan
sakuriling senayan mah ngageuyeuk ku beus jemputan.
Eta para kelompok anu ngaramekeun acara, tos kedah aya
di Senayan Jam 1 siang. Padahal acarana nembe ngawitan
tabuh 7 wengi.

Pintonan acara-acarana, luar biasa. Tarian saman ti
aceh, aya kana 600 an panari. Atuh masing-masing
kasenian ti daerah sanesna (sumatera Barat,
Kalimantan, Sunda, jawa tengah, jawa timur, reog
ponorogo, sisingaan,Papua jrrd) minimal di dukung ku
100 an jalmi.(kuring ngabayangkeun, nyewa kostumna wae
waragadna teu saeutik). Ditambih deui ku 1000 an
personil tangtara anu mintonkeun ketangkasan sareng
drumband.
Kunaon mani spektakuler, cenah mah pedah wae 100 taun
sakali diayakeun. Waragadna jigana ditangkes ku
swasta, soalna ketua panitiana Chairul Tanjung, bos
Trans TV sareng TV7.(padahal asa leuwih mangpaat,
lamun waragad eta pikeun mantuan rahayat anu
katalangsara) . 

Ceuk si kuring mah, inti poko acarana mah, masihkeun
seuneu obor ti SBY ka 2 budak (juara olimpiade
astronomi jeung matematika), pikeun ngahurungkeun obor
raksasa di stadion. Teras SBY ngagorowok "Indonesia"
tilu kali, anu kedah dijawab "Bisa!" ku sadaya hadirin
anu aya di stadion.
Tah, tos kitu, hadirin oge diperedih, nyanyi lagu
karangan SBY "majulah Indonesiaku" .

Ngarah aya bukti (pikeun anak kuring, anu sok tatanya
wae), rada narsis, foto bareng jeung si pembawa acara.

baktos,

mrachmat uidipura

 


      Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang 
juga.
http://id.toolbar.yahoo.com/

Kirim email ke