Wilujeng kang, nanging kunaon atuh bojona teu dibatikan he...he....
Kang batik ayeuna mah  tiasa kangge 4 musim, versi kangge musim tiis 
mah lebetna dilapis janten rada kandel, haneutna pas lah sapertos jas.
Ulah hilap pami mudik ka lembur borong batik tulis, nu kokolopokan seuseueurna 
pangrajin batik tulis. Ka rerencangan di pausahaan atuh ditodong we lah sina 
ngagaraleuh batik, sebatkeun we Bill Gates oge tos berbatik ria.
salam
tirta
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, May 21, 2008 2:27:10 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Batik jeung Ali Sadikin


Batik jeung Jas.
Bakat ku hayang gaya, kajeun tengah poe ereng erengan hareudang bayeungyang, 
aya oge anu make jas lengkep. Padahal mun make batik meureun ngeunah karasana. 
Eta nu sakapeung katingali dina pesta ondangan kawinan. Kudu reueus boga pakean 
nasional batik.
Sim kuring dumuk jauh ti lembur, didieu kajeun teung nu ngarana batik euweuh di 
toko, tapi kuring jeung babatruan salembur rata rata baroga batik. Sakapeung 
mun aya acara kumpul kumpul nu rada resmi, komo mun tempatna di konsulat mah, 
pada marake batik. Dipake ti imah keneh, make kendaraan umum, geus tangtu 
katingali ku umum, beda ti batur, ah pede we. Kabeneran di kota anu multikultur 
mah model pakean teh rupa rupa pisan, jadi batur ge teu pati mirosea, euweuh nu 
melongkeun siga ningali jalma aneh.
Tah ieu sim kuring sosoranganan nu nganggo baju batik kaondangan pesta musim 
panas, batur aya oge nu make jas.


http://www.bishop- gmbh.com/ index2.php? con=summer_ party_2007&lang=en&which=60
Wasalam
Kang Trias


Waluya <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:
Lamun urang ka ondangan (resepsi) atawa acara resmi sejenna, urang leuwih 
resep make batik tinimbang make jas jeung dasi. Tepi ka Presiden Clinton 
jeung Bill Gates oge marake batik waktu di Indonesia. Batik jadi pakean 
"resmi" sabenerna ku jasana Ali Sadikin. Duka diakhir taun 1960'an atawa 
diawal taun 1970'an anjeunna nu nganjurkeun batik jadi pakean nasional 
Indonesia. Lamun teu salah ku jasana ieu anjeunna meunang piagam dina 
ngapopulerkeun batik ........

Baktos,
WALUYA


 


      

Kirim email ke