Padahal di tanah kalahiranana pa Ali nyaeta Sumedang aya hiji tempat teu menang 
make Batik. Ceuk sakaol mun zarah ka makam Dayeuh Luhur Sumedang teu meunang 
make Batik, meureun mung ukur mitos, sakumaha mun ka pantey palabuhan Ratu ulah 
make baju hejo, percaya teu percaya mun aya nu ngalanggar, nyi Roro kidul cenah 
sok murka.

Balik deui ka masalah batik anu teu meunang dipake tea,cenah ieu pakait jeung 
satruna karajaan Sumedang larang jeung Cirebon atawa jeung Mataram, meureun 
bakating ku netelina ka seler anu ti wetan, nepikeun ka ciri khas pakeanana ge 
teu meunang dipake.

Kiwari jaman geus beda, tong boro batik, dalah wanoja atawa jajakana kapan loba 
nu ngajodo ka urang wetan, kitu deui bupatina pan ti wetan, dipilih dua kali 
deuih heu heu...!

Duka tah karuhun Sumedang ridoeun teu he he!

  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: Urangsunda ; [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Wednesday, May 21, 2008 2:09 PM
  Subject: [Urang Sunda] Batik jeung Ali Sadikin


  Lamun urang ka ondangan (resepsi) atawa acara resmi sejenna, urang leuwih 
  resep make batik tinimbang make jas jeung dasi. Tepi ka Presiden Clinton 
  jeung Bill Gates oge marake batik waktu di Indonesia. Batik jadi pakean 
  "resmi" sabenerna ku jasana Ali Sadikin. Duka diakhir taun 1960'an atawa 
  diawal taun 1970'an anjeunna nu nganjurkeun batik jadi pakean nasional 
  Indonesia. Lamun teu salah ku jasana ieu anjeunna meunang piagam dina 
  ngapopulerkeun batik ........

  Baktos,
  WALUYA



   

Kirim email ke