Sok nu rumasa ngac*ng.

 

JZ33BDG

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of mj
Sent: Friday, June 06, 2008 1:59 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] uing katempuhan

 

 

Tadina moal dicaritakeun, yeuh. tapi ku maha atuh. 

 

Poe saptu minggu kamari lalajo Indiana Jones ditraktir kang Soni
bolotot.com di parijs van java. Filmna rame. Tapi lain eta un rek
dicaritakeun. 

Kieu:

di tempat parkir, aya nu nelepon. Istri, ti jakarta. Nyaritana basa
indonesia. Sugan teh popotongan (urut kabogoh), borona geus atoh (sugan we
mere proyek), tapi lain. Istri batur, geus boga budak tilu. Nelpon ka si
kuring cenah alatan jadi salah dalapan kuncen kusnet jeung meureun rada
heubeul.

 

Perkara naon? 

Manehna, bari dareuda, menta si kuring milu mereskeun pasoalan rumah
tanggana jeung salah saurang baraya kusnet nu cenah 'salingkuh' jeung urang
kusnet deui.

 

Alaah aing mah. Karek ge meunang kasenang tas lalajo Indiana Jones, jadi
murungkut deui hate teh. Jadi katempuhan kieu, euy. Sanajan kuncen #3,
asana teu milu tanggung jawabarat kana efek samping -nu gorengna- ieu milis
kusnet. Enya, kusnet bisa jadi tempat nyari jodo. Tapi pikeun nu marasih
lelengohan. Atuh ari nu geus buntutan, tandukan mah, teu kudu.

 

Kudu kumaha nya uing? Da uing mah teu boga pangalaman kitu. Kungsi loba
kabogoh, tapi da keur bujangan. Da ari geus kawin mah, pangsiun. Adat leboy
teu diingu, da rumasa matak riweuh jeung kacape-cape. Mending ulin jeung
bati, sadua-dua, keur lulucuna. Asa di sorga karuh ari kumpul di imah
mitoha ulin jeung barudak bari silih jebian jeung indungna. 

 

Mun cara KUA mah meureun, nya ari geus teu bisa dihadean mah atuh pepegatan
we. Sanajan alusna mah ulah. Bari na oge, da kalolobana urusan sahwat nu
karitu teh.

Lalaki Sunda tukang nyandung cenah. Atuh nyandung. Sanajan pastina
pikanyerieun istri nu senior jeung moal satujueun. Kajeun pepegatan. Nya
pegat we atuh. Sanajan keukeuh, ulah. Anggur mah urus barudak, ibadah eta
teh. Tong ngalajur napsu. Da nu geulis mah ngan ukur urusan deudeuleuan.

 

Ka pihak istri nu ngaladenan, nya kumaha nya, teh, neng, ceu. Meureun aya
keneh lalaki jalu pameget nu masih lelengohan.

 

Kanu rumasa, plis deh. 

 

Punten yeuh, lain mamatahan ngapung ka pilot.

 

 

 

 

 

 

Kirim email ke