MJ ieu teh boa kasempetan keur ladang amal ngan hese meureun da lain PNS moal 
keuna ku PP 10. Supados teu meleber atuh saena tos we dihandle ku MJ pan 
jinisna percanten ka MJ. Nu atos-atos padamel nagreg kasus kieu teh sok maraton 
moal sakali anggeus, da kumaha atuh nu nuju nyeredet hate mah duka iraha icalna.
salam
JP
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, June 5, 2008 11:58:36 PM
Subject: [Urang Sunda] uing katempuhan


 
Tadina moal dicaritakeun, yeuh. tapi ku maha atuh. 
 
Poe saptu minggu kamari lalajo Indiana Jones ditraktir kang Soni bolotot.com di 
parijs van java. Filmna rame. Tapi lain eta un rek dicaritakeun. 
Kieu:
di tempat parkir, aya nu nelepon. Istri, ti jakarta. Nyaritana basa indonesia. 
Sugan teh popotongan (urut kabogoh), borona geus atoh (sugan we mere proyek), 
tapi lain. Istri batur, geus boga budak tilu. Nelpon ka si kuring cenah alatan 
jadi salah dalapan kuncen kusnet jeung meureun rada heubeul.
 
Perkara naon? 
Manehna, bari dareuda, menta si kuring milu mereskeun pasoalan rumah tanggana 
jeung salah saurang baraya kusnet nu cenah ’salingkuh’ jeung urang kusnet deui.
 
Alaah aing mah. Karek ge meunang kasenang tas lalajo Indiana Jones, jadi 
murungkut deui hate teh. Jadi katempuhan kieu, euy. Sanajan kuncen #3, asana 
teu milu tanggung jawabarat kana efek samping –nu gorengna- ieu milis kusnet. 
Enya, kusnet bisa jadi tempat nyari jodo. Tapi pikeun nu marasih lelengohan. 
Atuh ari nu geus buntutan, tandukan mah, teu kudu.
 
Kudu kumaha nya uing? Da uing mah teu boga pangalaman kitu. Kungsi loba 
kabogoh, tapi da keur bujangan. Da ari geus kawin mah, pangsiun. Adat leboy teu 
diingu, da rumasa matak riweuh jeung kacape-cape. Mending ulin jeung bati, 
sadua-dua, keur lulucuna. Asa di sorga karuh ari kumpul di imah mitoha ulin 
jeung barudak bari silih jebian jeung indungna. 
 
Mun cara KUA mah meureun, nya ari geus teu bisa dihadean mah atuh pepegatan we. 
Sanajan alusna mah ulah. Bari na oge, da kalolobana urusan sahwat nu karitu teh.
Lalaki Sunda tukang nyandung cenah. Atuh nyandung. Sanajan pastina pikanyerieun 
istri nu senior jeung moal satujueun. Kajeun pepegatan. Nya pegat we atuh. 
Sanajan keukeuh, ulah. Anggur mah urus barudak, ibadah eta teh. Tong ngalajur 
napsu. Da nu geulis mah ngan ukur urusan deudeuleuan.
 
Ka pihak istri nu ngaladenan, nya kumaha nya, teh, neng, ceu. Meureun aya keneh 
lalaki jalu pameget nu masih lelengohan.
 
Kanu rumasa, plis deh. 
 
Punten yeuh, lain mamatahan ngapung ka pilot.
 
 
 
 
  


      

Kirim email ke