Watek pamarentah di batur jeung di urang mah, atuh beda jauh taneuh ka suhunan. Heuheu.
Aya nu ku pamarentah (biasana pemkot atawa pemda cq dinas kabudayaan pariwisata mun di urang atawa heritage culture kitu) aya nu ku yayasan atawa foundation. Cenah ieu mah, nu baleunghar di ditu mah jaradi anggota dewan penyantun (mun cek istilah urang) museum2 nu aya. Jadi sok aya acara2 ngumpulkeun waragad pikeun hiji program museum. Asana sanajan resmina milik nagara, ari nu ngurus mah yayasan. Di novel Lousiana2 aya setting museum patung glypthotek, ieu mah nu bogana yayasan nu gaduh pabrik bir Carlsberg-probably the best beer in the world (heuheu nepi ka apal tulisan di iklana). Ari museum senirupa kontemporer di humlbaek mah, asalna nu pribadi, ngan dihibahkeun ka pemda da nu gaduhna maot. Dina tulisan ngacapruk eta sabenerna sanajan nu kapikir pemprov disbudpar oge bisa mengandung 100% swasta. Bisnis wisata budaya. Nyaeta kuayana hotel resor nu wangunana model cottage/bungalo nu modelna nya copy paste imah2 antik sunda eta. Nya bisa muka hotel ti model butik nu mahal kacida nepi ka youth hostel (penginapan remaja) pikeun rombongan sakola. Bisi hayang pelesir ka budaya dulur sasunda jeung ngarasakeun cara hirupna. Bisa oge pikeun kagiatan outbond 007. nu kabayang, urang boga tempat HBH matuh. Haha. Bisa wae grup kampung sampireun atawa bumbu desa muka museum nembrak khas garut beulah kidul, cara kp dukuh jeung kp pulo ditambah imah2 ti luar kp adat garut nu antik. Grup sejen, panghegar contona, beulah kalerna, nyieun hotel make model baduy, jsb. /11 kumincir <[EMAIL PROTECTED] <http://mail.google.com/mail/h/v3bnhtq0z1wy/?v=b&cs=wh&[EMAIL PROTECTED] a.or.id> >: Mang... ari museum nembrak nu di laluar nagreg dikokolakeunana ku swasta atawa pamarentah? Sabab mun nilik watek pamarentah, sigana moal pialuseun... (heuheu... suudon). Leuwih pimajueun mun misalna dikokolakeun ku swasta, puguh komersilna, puguh ngokolakeunana... Bisa2 MJ dikontrak pikeun ngarancang Kampung Sunda-na geura... heuheu

