nambahan Kang...
salian ngaganggu kudu ngahapusan SPAM (topik nu teu nyambung jeung
milis), aya deui nu kudu dipikiran mun rek posting di dieu, nyaeta
keur wargi nu masih ngandelkeun keneh "dial up" jeung biayana
ditanggung pribadi alias mayar sorangan mah ayana imel2 nu teu
nyambung jeung milis atawa SPAM teh matak ngarugikeun, geus lila2
ngadownload "dial up" ari pek teh imelna pinuh kunu teu diperlukan...

ku lantaran eta, bener tah pangajak Kang Dicky teh, urang kudu
ngaragangan batur, keur mah deuih pan geus jentre ku Moderator/Kuncen
geus di-heup-keun, atuh mun masih panasaran oge geus diusulkan ku Kang
Jay-nDul, nyaeta sok we kadinyah japri-japrian...

kaharti nya ?! nyaho arti ngaragangan batur ?!



^_^



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dicksvf" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> akang pernah teu narima surelek SPAM? 
> kuring sering, mun sakali-sakali mah mungkin teu nanaon, sanajan tetep
> dihapus oge, da ngaranna SPAM mah angger weh SPAM
> lamun sering2 teuing mah, salian ngahapus oge jadi keuheul pan?
> da jadi ngaganggu atuh.
> 
> leres kedah ngajaga ukhuwah, nu kumaha ukhuwah teh? nu hoyong kenging
> nyalira? nu teu ngaragangan batur?
> sakaterang sim kuring mah, sagala rupina ge aya aturan.
> di milis ieu aya aturan, aya nu ngatur
> ari ngarasa hayang ngatur, wayahna kudu nyieun milis sorangan, atur ku
> sorangan, neangan anggota sorangan.
> kuring ge yakin, boh kuncen boh "owner" di milis ieu aya kakirangan,
> tapi nyaa minimal atuh urang teh salaku nu numpang kudu "nyaho
> maneh/tahu diri (cenah ceuk basa malayu mah), ngajenan ka para kuncen
> 
> sakaterang kuring mah, di milis ieu teu aya salahna mosting hal agama,
> pulitik, ekonomi jrrd, NGAN kudu aya batesna, kudu ngaragangan oge
> anggota2 nu lian.
> 
> mangga weh titenan eta nu jadi pipaseaeun teh, tos sabaraha lami
> dibahas tur dipadungdengkeun? tos kapanggih acan solusina? henteu pan?
> taahh kusabab henteu, nyaa entos weh atuh teu kudu dipadungdengkeun
deui.
> mangga titenan  arsipna, diaos hiji2 thread perihal eta, sim kuring
> mah nyimpulkeun, yen nu dipadungdengkeun teh EDED bin EKEK, eta deui
> eta deui, teu aya solusi alias BULAK BALIK BELEKOK mun ceuk urang ditu
> mah..
> nyaaa daripada kitu mah mending keneh dieureunan heula eta masalah teh.
> 
> atuh cenah bisi kurung batok, aah da teu kurung2 batok teuing, pan nu
> dipermasalahkeun teh ulah bulak balik belekok teuing
> sok wae alungkeun naon2 oge ari maksudna ulah kurung batokeun mah
> ngan mun bulak balik belekok wae mah ceuk kuring eta nu ngaranna
> KURUNG BATOK ASLI.
> 
> kuring mah lain ngomong ka nu pro atawa ka nu kontra, kuring mah
> ngomong ka duanana, malahan ka tiluanana (termasuk nu teu pro atawa
> kontra)
> (naon deui nya?)
> 
> ah nyaaa sakitu weh heula ti sim kuring mah.
> 
> hapunten
> 
> dikdik, 
> asli wanayasa pisan :-)
> 
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, Tessar Wardhana <tessartea@> wrote:
> >
> > Kuring mah teu ngarti naha meni kudu parasea nya?!
> > 
> > nu teu keyeng ngbahas agama nya tong dibukaan we atuh postingana,
> kitu deui nu keyengna ngabahas kasundaan nya geura2 posting we atuh,
> mun euweuh nu nyanggut nya wayahna we atuh tapi da teu kudu jadina
> siga nyalahkeun karesep batur.
> > 
> > Nu penting mah UKHUWAH lin?
> > 
> > cag ah...
> > 
> > Baktos
> > Tessar
>


Kirim email ke