kang hasan mun kitu mah lain masalah nu rek posting ngeunaan ahmadiyah
jeung babaturanna. tapi ninggang di urang nu ngarasa kaganggu. lain
nitah via japri ka maranehna, tapi nitah urang nyieun filter.

cenah eta geus dianggap bulak balik belekok. pan mun ku sarerea geus
di ayak mah, piraku teuing jejer eta loba nu nanggap. kuring mah da
darwinian (haha mancing deui euy) percaya pisan kana seleksi alam :)

dudi

On Tue, Jun 24, 2008 at 11:07 AM, h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sabenerna mah nu inti kunaon si kuring ngaharepkeun masalah
> ahmadiyah-fpi-mubahalah jste kudu diheupkeun teh lain pedah aya
> hubungan atawa heunteu jeung kasundaan... nyaeta MATAK pi-PASEA-eun...
> pan sababaraha kali ge geus di sebutkeun "BOLAK-BALIK-BELEKOK"...
> mun diteruskeun hasil ngan pi-pasea-eun wungkul, padahal ayana milis
> ieu teh tadina keur manjangkeun babarayaan urang sunda nu aya sa alam
> dunya...
>
> lain si kuring ngalarang atawa teu menang batur posting sagala hal di
> ieu milis, kuring ge satuju ku ayana sagala posting teh pangaweruh
> urang jadi nambahan... tah dina masalah ahmadiyah-fpi-mubahalah, nu
> pantes mah lain disebut ngalarang atawa teu meunang, ngan ceuk uing
> masalah posting eta mah geus CUKUP !!! ti masing-masing pihak geus
> posting dasar2 nu jadi pipikiranna... nya kitu deui nu mairan, geus
> ngaluarkeun pikiran2na sewang-sewangan...
> ngan ku lantaran geus kasawang yen kadituna bakal
> "BOLAK-BALIK-BELEKOK" jeung deuih hasilna lain manjangkeun babarayaan,
> mugia sadaya anggota milis tiasa ngartos naon hartosna : CUKUP !!!
>
> hampura Kang Ndud, lain rek ngalarang atawa teu menang neruskeun
> ngajentrekeun/ngabejerbeaskeun masalah ahmadiyah-fpi-mubahalah ieu,
> tapi mun bade diteruskeun wayahna via japri2 wae nya... di milis mah
> posting masalah ieu teh tos CUKUP alias CEKAP !!! tong ditambahan deui
> bisi belekok (hitutna bau...) matak mabok nu lian heuheuheu...
>
> ^_^
>
,___



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke