Poe ieu, poe kadua di kantor tempat kuring gawe, aya karyawan 'luar biasa'
opat urang. Maranehna lulusan sakola luar biasa (SLB) khusus Tuna Rungu
Santi Rama di jl. Fatmawati Jakarta. Ari tugasna nyaeta jadi 'Data Entry',
tukang ngasup-ngasupkeun data kana sistem komputer.

Penerimaan karyawan ti SLB ngarupakeuh salah sahiji program 'community
service' anu di gulirkeun ku perusahaan.

Kuring kabeneran kabagean tugas nyiapkeun komputer keur pake-eun maranehna.
Mimitina mah kuring ngarasa canggung komunikasi jeung maranehna, sabab nya
kitu, maranehna teh Tuna Rungu. Komunikasi jeung maranehna dilakukeun ku
cara ngomong laun (maranehna bisa maca gerak biwir) ditambah basa isyarat.

Tapi kadieu na keun mah geus lumayan ngareunah, sanajan lamun ngomong kudu
rada cacalawakan, tapi enjoy aja :) .

dina jero hate kuring jadi reueus, geuningan masih aya keneh pausahaan anu
disamping neangan kauntungan, oge peduli ka lingkungan.

Kirim email ke