Reeus ah kang ka eta Pausahaan anu ngajalanakeun salah sahiji tanggung jawab
sosial..Ngan akang getah geten tea cacalawakan...kade ulah kacandak kana
suasana normal....

On 7/2/08, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Poe ieu, poe kadua di kantor tempat kuring gawe, aya karyawan 'luar
> biasa' opat urang. Maranehna lulusan sakola luar biasa (SLB) khusus Tuna
> Rungu Santi Rama di jl. Fatmawati Jakarta. Ari tugasna nyaeta jadi 'Data
> Entry', tukang ngasup-ngasupkeun data kana sistem komputer.
>
> Penerimaan karyawan ti SLB ngarupakeuh salah sahiji program 'community
> service' anu di gulirkeun ku perusahaan.
>
> Kuring kabeneran kabagean tugas nyiapkeun komputer keur pake-eun maranehna.
> Mimitina mah kuring ngarasa canggung komunikasi jeung maranehna, sabab nya
> kitu, maranehna teh Tuna Rungu. Komunikasi jeung maranehna dilakukeun ku
> cara ngomong laun (maranehna bisa maca gerak biwir) ditambah basa isyarat.
>
> Tapi kadieu na keun mah geus lumayan ngareunah, sanajan lamun ngomong kudu
> rada cacalawakan, tapi enjoy aja :) .
>
> dina jero hate kuring jadi reueus, geuningan masih aya keneh pausahaan anu
> disamping neangan kauntungan, oge peduli ka lingkungan.
>
>
>
> 
>

Kirim email ke