he..he..he..
*(bari kukulintingan di pakalangan, nulak cangkeng....)

*Baraya sakabeh !!!,
utamana ka silaing-silaing anu masih keneh lelengohan.
dengekeun omongan dewek.

Na hayang nu kumaha silaing teh?
na nungguan naon deui atuh, hah?

gawe enggeus, panghasilan boga, rupa oge teu goreng-goreng teuing lain?
yah beda ipis wa utung mah jamak lah, da pasti aya layan na.

na bet lelengohan keneh?

dewek yakin, dina jero hate silaing kabeh anu lelengohan, ngarasa teu
tengtrem.
te betah deuleu!
komo deui lingkungan urang ayeuna, geus pinuh ku pangbibita.
Film, sinetron, buku, majalah, kabeh informasi anu asup kana uteuk silaing
teh, teu jauh ti romantismeu jeung nafsu birahi.

naha rek kitu wae hirup teh?
luntang-lantung sosoranganan, teu puguh tujuan hirup.

enya silaing bisa ngomong, "biar jomblo tapi bahagia".

Waduk siah!
sabagja-bagjana oge hirup nyabeulah.
anggeur we mangsana nyorangan mah, karasa siah peurihna.
tong bohong.

enya silaing bisa ngabangbalerkeun eta kapeurih.
ngabangbrangkeun ku jalan ulin jeung babaturan.
tapi tetep we mangsana silaing sare mah, moal enya hayoh wae jeung
babaturan. he..he.he..
tah harita mangsana silaing ngarasakeun deui eta kapeurih.

Na hayang nu kumaha silaing teh?
na nungguan naon deui atuh, hah?

Jawab !!!

Kirim email ke