teuing ari dewek mah euy... asa can ditembongan ngeunahna kawin (kade make
surat ieu mah).... dipikir-pikir kalah ngaririweuh maneh. komo lamun kawin
ukur hayang nyarangkaan urat wungkul mah. asa kateuteuari!

ah sugan we keudeung deui kawenehan nya?

swalayan ti baheula, warung sate di mana-mana.... hahaha... so buat apa
kawin?

On Fri, Jul 4, 2008 at 10:20 AM, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>   he..he..he..
> *(bari kukulintingan di pakalangan, nulak cangkeng....)
>
> *Baraya sakabeh !!!,
> utamana ka silaing-silaing anu masih keneh lelengohan.
> dengekeun omongan dewek.
>
> Na hayang nu kumaha silaing teh?
> na nungguan naon deui atuh, hah?
>
> gawe enggeus, panghasilan boga, rupa oge teu goreng-goreng teuing lain?
> yah beda ipis wa utung mah jamak lah, da pasti aya layan na.
>
> na bet lelengohan keneh?
>
> dewek yakin, dina jero hate silaing kabeh anu lelengohan, ngarasa teu
> tengtrem.
> te betah deuleu!
> komo deui lingkungan urang ayeuna, geus pinuh ku pangbibita.
> Film, sinetron, buku, majalah, kabeh informasi anu asup kana uteuk silaing
> teh, teu jauh ti romantismeu jeung nafsu birahi.
>
> naha rek kitu wae hirup teh?
> luntang-lantung sosoranganan, teu puguh tujuan hirup.
>
> enya silaing bisa ngomong, "biar jomblo tapi bahagia".
>
> Waduk siah!
> sabagja-bagjana oge hirup nyabeulah.
> anggeur we mangsana nyorangan mah, karasa siah peurihna.
> tong bohong.
>
> enya silaing bisa ngabangbalerkeun eta kapeurih.
> ngabangbrangkeun ku jalan ulin jeung babaturan.
> tapi tetep we mangsana silaing sare mah, moal enya hayoh wae jeung
> babaturan. he..he.he..
> tah harita mangsana silaing ngarasakeun deui eta kapeurih.
>
> Na hayang nu kumaha silaing teh?
> na nungguan naon deui atuh, hah?
>
> Jawab !!!
>
>  _
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke