Leres Kang saleresna ri kana ningali parameter mah gampil ngan aya tilu;

1. Modal anu sanes kenging nambut
2. Pamarentah sareng Direksi/padamel anu jalujur...ulah rikrik gemi bari
ceceremed (maksadna ceceremed dugi kamilyaran kitu)
3. leungitkeun birokasi anu janten biaya tinggi (biaya siluman, biaya jurig,
biaya premen, biaya birokarasi..jrd)..

Eta ari aya modal teh sok loba dianggo kana kagiatan non produktif...

Ari kamaman bangsa urang mah teu lalawora..pan aya ahli LNG damel di laut
utara, ahli2 perminyakan di Tim Teng/Malaysia/Amerika, aya Aeronautical
Engineer damel di NASA, jrrd


On 7/10/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kang Surtiwa, nyakseni, eta pisan, perkara nasionalisasi teh lain
> perkaran nu gampang. Sahenteuna keur saayeunaeun nepi ka sababaraha
> taun ka hareup, salila Indonesia can bisa boga modal sorangan;
> pausahaanna (BUMN2) na can hade kinerjana, nasionalisasi malah bisa
> jadi ngabaruang sorangan.
>
> Satemenna, apan pausahaan model Pertamina oge eta teh meumang
> nganasionalisasi pausahaan asing (walanda, jsb) teu lila sanggeus
> revolusi tea. Tapi, kusabab salah manajemen (diantarana, sakumaha
> kapanggih dina satiap BUMN, pimpinan/direktur teh diangkat ku
> Pamarentah/ku anu kawasa, lain dipilih dumasar prestasi), jeunbg
> kasalahan manajemen lianna, nya kabuktianana siga ayeuna.
>
> Memang kudu aya revolusi (dina harti teu kudu baloboran getih).
> Minimal revolusi pemikiran dan langkah manajemen. Pamarentah bisa
> ngareret terus ngamajukeun widang-widang anu potensial bisa
> ngadatangkeun devisa gede, bari giat mempetan liang-liang bobocoran
> anggaran (boh panarimaan atawa pengeluaran). Upamana wae, pertanian
> terpadu, subsidi pupuk, kredit progresif, nitah gawe bareng ka BRI
> jeung Bulog (atawa Bulog jeung transmigrasi hijikeun wae sahandapeun
> deptan). Sumber lain: komoditi saperti gula kalawab syarat kudu
> dihadean heula manajemenna.
>
> Pangapunten, si kuring msih boga kayakinan, ku pamimping anu jujur,
> pinter, jeung wani, devisa anu diperlukeun keur ngusahakeun sumber
> alam urang ku urang sorangan teh masih bisa kahontal dina waktu 5 nepi
> ka 10 taunan. Ngan syaratna bener-bener kudu jujur, pinter jeung wani.
>
> Jujur hartina bener tindakanana, hijina omongan jeung tindakan, pinter
> dina harti pinter anu manfaat, apal kana selah-selahna manajemen
> satiap perkara penting dina ngurus nagara, upamana: soal BUMN jeung
> koperasi, soal perbankan, soal pertanian, jeung pinter nganmenej alis
> koordinasi, insterupsi, marentah, monitoring, evaluasi, mutuskeun,
> jsb. Wani dina harti: wani nyieun tindakan anu dasarna kuat tur keur
> kamaslahatan sarerea, sok sanajan kudu ngalawan arus .
>
> Upamana wae, perkara wani, dina ngangkat kabinet/para menteri, angkat
> wae kabeh anu profesional ti kelompok mana wae teu kudu sieun ku
> dukungan partei. Dina soal energi: saliksik nepi ka bubuk-bubukna,
> dimana hambatan nepi ka urang ayeuna werat ku energi, laju bereskeun
> da kongan ieu salaku pimpinan mah. Kunaon teu ngajalankeun kredit
> progresif? tinimbang BLT anu teu ngadidik mah asana mendingan kredit
> progresif. Di dieu presiden/pimpinan tertinggi kudu wani karana tujuan
> jangka menengah anu leuwih nguntungkeun. Prinsipna: nagara ulah
> balantik jeung rahayatna, tapi balatik mah jeung nagara atawa
> pausahaan asing.
>
> Kunaon buru-buru naekeun BBM? naha teu dicoba heula ngayakeun dekrit
> yen ekonomi keur dina kaayaan herengheng, laju diatur sistem subsidi
> silang : anu keur mangpang-meungpeung ku hasil tina pendapatan
> komiditi anu ngadadak naek (conto: batubara, sawit, jst) mere subsidi
> ka anu kakurangan. Presiden kongang pisan ngalaksanakeun kawijakan
> siga kitu.
>
> Cag.
>
> manAR
>
> On Thu, Jul 10, 2008 at 7:29 AM, H Surtiwa <[EMAIL 
> PROTECTED]<surtiwa%40gmail.com>>
> wrote:
> > Aya patarosa ti abdi anu sigana nepi ka jungkir balik oge moal tiasa
> > kasorang dina nmer 3, 4 sareng 5. Timana waragad kanggo ngala kakayaan
> alam
> > teh, padahal urang teh Nagara anu kapaksa nyieun RAPBN Depisit>
> Disinggung
> > Exxon.. kumaha ngambil alih proyek anu waragadna anu ratusan juta dollar.
> > naha pertamina anu gararoblog atanapi urang anu teu ngarots. Proyek LNG
> > medco di Sulawesi (Sonoro).pangaosna $ 1.2 milyard dikengengkeun ku
> > Mitsubishi. Gas Natuna anu ageung kandungan CO2na peryogi $ 5 Milyard
> Dolar
> > pahse-1 na. Saha nu sanggem investasi sakitu burinyaynya.
> >
> > Ah gampil dibikeun wae ka pangusaha Nasional...wah..cilaka...Maranehna
> bakal
> > ngineum modal ti Bank pamarentah...enke..jeblug..terus kawas kasus
> > BLBI...dina proses nginjem supaya goal teh loba
> > KKN..kikiceupan...jst..jst...Sigana sanes dugi ka oray buluan..tapi dugi
> ka
> > urang sadayana bararotak oge...moal tiasa..........
> >
> >
> > On 7/8/08, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]<sariak.layung%40gmail.com>>
> wrote:
> >>
> >> Kriteria anu hade lah. Ngan hanjakal, nepi ka oray buluan oge, di
> >> Endonesia mah teu aya. Mun aya oge, can tangtu wani nyalon.
> >> Mangga urang titenan:
> >>
> >> Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....?
> >>
> >> 1.Teu nganut sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun
> >> kapentingan perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia.
> >> Cingan naon buktina? perbandingkeun datana. Loba mana? Aya datana nu
> >> disebut mentingkeun ieu. Ari ngan hiji dua mah sanes mentingkeun atuh.
> Ngan
> >> anu katenjo wungkul.
> >>
> >> 2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu
> >> maksakeun Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN,
> Deregulasi
> >> Pamarentah ayeuna geus anggeusan ti IMF. World Bank? Salila sistem
> >> finansial urang jiga ayeuna, moal bisa. Sabab satiap perak duit urang
> pakuat
> >> pakait sareng duit bangsa sejen. Conto: mun rek meuli laptop make harga
> >> dolar. Ngenaan privatisasi BUMN....hmm si kuring resep mun diskusi.
> >> Kang, terang teu tingkah laku pausahaan BUMN? meres wungkul kang.
> >> Dimodalan tapi dijadikeun fasilitas mewah jang maranehna sorangan. Gaji
> >> direktur BUMN langkung badag batan gaji mentri malah presiden. Teru
> >> percanten? Mangga toong sabaraha gaji pertamina, kumaha ketakna. Ulah
> silo
> >> ku bangsa dengen kang. Tapi ulah nutup mata oge ku bangsa sorangan.
> Kuring
> >> mah teu percaya BUMN ayeuna. Kuring percaya swastanisasi tapi kudu
> bangsa
> >> sorangan. Contoh sejen: tinggali gawe pertamina....PLN, jeung BUMN
> sejen.
> >> Mana sumbangana jang rahayat. Nu aya mah ngalebokan duit pajeg saya euy.
> >> PTN...rupina kang Rahmat UI parantos ngawaler
> >>
> >> 3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu
> >> meunangkeun bagi hasil nu ilahar.
> >> Saya satuju nasionalisasi. Tapi ulah dibiken ka BUMN. Pertamina geus
> >> nyababkeun urang hese bensin, hese listrik. Jurig wungkul. Kang, terang
> teu
> >> sabaraha produksi pertamina 160.000 barel/ poe. Terang sabaraha produksi
> >> Exxon mobil? 710.000 barel/poe. Nandakeun naon? Pertamina gararoblog!
> Punten
> >> rada amarah kuring mah.
> >>
> >> 4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin
> >>
> >> Kunaon ukuran bet rahayat miskin? ku bangsa Indonesia kitu! ulah
> >> ngamimiskin jalma anu rejekina sahandapeun urang. Jadi nyadiakeun PTN
> anu
> >> haratis jang bangsa Indonesia kitu!
> >>
> >> 5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam
> pikeun
> >> kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung ka
> >> investor asing.
> >>
> >> Sigana jawaban ieu sami sareng di luhur
> >>
> >> 6.Mere patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK
> >>
> >> Satuju. Tapi dumasar kana naon 2 hektar. Keur naon boga tanah, tapi teu
> >> boga modalna. Keur naon bisa tani, tapi pas ngajual murah malah teu aya
> >> hargaan. Sabab naon? Sabab urang kota jeung anu 'berpendidikan' teu rido
> >> mayar mahal jang warga desa. Beas mahal saeutik protes. Ari sapatu naek
> >> terus mah tara aya anu demo. Ceuk kuring mah, jaminan harga mun panen
> >> jeung modal jang produksi jauh leuwih penting....
> >>
> >> 7.Teu naekeun harga bensinleuwih ti 10% per taunna
> >>
> >> Tah ieu pamikiran kaum elit kota. Pikiran parsial jang kapentingana.
> >> Bensin naek ku sabab nurutkeun harga pasar. Teu adil, mun jalma anu
> >> kabareda meuli mobil, motor, ngadaharan subsidi ageung pisan, juragan.
> >> terang teu upami akang gadung kijang krista we, terus sapoena jalan
> >> rata-rata 80 km, eta dina sabulan geus nuang subsidi bensing Rp
> 1600.000.
> >> Naha ari patani kudu harga pasar bae. Teu adil, kang.
> >>
> >> 8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF)
> >> salaku menteri.
> >>
> >> Satuju. Ieu kampanye ngenaan bu Ani (Menkeu ayeuna). Tapi naha eta cukup
> >> jadi kriteria?
> >>
> >> Salam
> >>
> >> Tantan.
> >>
> >>
> >> On Mon, Jul 7, 2008 at 2:07 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL 
> >> PROTECTED]<yadi%40wendy.web.id>
> >
> >> wrote:
> >>>
> >>> CALON Presiden RI
> >>>
> >>>
> >>>
> >>> Kaingetan ku kamari petugas pendaftar pemilu taun 2009, nu teu bisa
> >>> leupas tina pamilihan presiden nu rek datang, di handap ieu sakadar
> >>> uneg-uneg, saha atuh nu pantes pikeun jadi presiden Indonesia nu bakal
> >>> datang..
> >>>
> >>>
> >>>
> >>> System ekonomi neoliberalisme/globalisasi nu mangrupa privatisasi,
> >>> kanaekan harga barang (nyabut subsidi), deregulasi, perdagangan bebas,
> jste
> >>> tos nyangsarakeun penduduk di sakuliah dunya.
> >>>
> >>> Upamana bae dina taun 1980, 20% penduduk beunghar panghasilanana 45
> kali
> >>> lipet tina 20% penduduk nu pangmiskinna, dina taun 2000 ngalipet jadi
> 75
> >>> kali. 1,3 milyar penduduk nu penghasilanana di hadapeun US$1/poe.
> Leuwih ti
> >>> 80 nagara taun 1999 income per kapitana leuwih handap batan taun 1989
> >>> (sumber Tabb, William K, "globalization", MicrosoftÂ(R) EncartaÂ(R)
> 2006).
> >>> Bedana antara beunghar jeung miskin leuwih jauh. Itu teh akibat tina
> system
> >>> ekonomi neoliberalisme. Hanjakalna kaum neoliberalisme ayeuna tos
> nguasaan
> >>> cabinet jeung dpr!
> >>>
> >>> Ku modal dana nu gede, kaum neoliberalisme bisa nangtukeun calon
> presiden
> >>> Indonesia nu bisa kapilih nyaeta calon nu bisa ditarima ku pasar.
> Hartina
> >>> daek ngajalankeun program neoliberalisme.
> >>>
> >>> Kulantaran eta kajadian kanaekan harga barang saperti bbm nu nuturkeun
> >>> harga pasar dunya leuwih diutamakeun batan kamampuan rahayat pikeun
> meuli.
> >>> Kusabab eta bbm ti taun 2005 tug nepi ka taun 2008 tos naek 3 kali
> lipet
> >>>
> >>> Ku kanaekan eta, hartina ti taun 2005 nepi ka taun 2008 premium naek ti
> >>> rp 1.810,- jadi rp. 6.000,- atawa naek 231% ngan dina tempo 3 taun wae.
> >>> Ongkos angkutan umum naek ti rp. 1.000,- jadi rp. 2.500,-. Harga bako
> oge
> >>> naek lumayan netek, saperti beas ti rp. 3.000,- jadi rp. 6.000,- per
> kilona.
> >>>
> >>> Barang Harga 2005 Harga 2008 Kanaekan
> >>> Premium 1.810 6.000
> >>> 231%
> >>> Beras 3.000 6.000
> >>> 100%
> >>> Angkutan Umum 1.000 2.500 150%
> >>> Minyak Goreng 4.500 13.000 189%
> >>> UMR 635.000 972.000
> >>> 53%
> >>>
> >>> Dina tempo 3 taun gedena kanaekan barang rata-rata 168%. Ieu
> >>> ngabeuratkeun pisan rahayat, kulantaran UMR ti taun 2005 nepi ka 2008
> ngan
> >>> ukur naek ti rp. 635.000,- jadi rp. 972.000,- Ngan ukur 53%! Itu oge
> loba
> >>> pagawe nu teu milu ngasaan upah UMR, misalna bae guru sakola swasta
> [utamana
> >>> sd & tk), pramuniaga di toko-toko atawa pelayan di warung makan. Patani
> oge
> >>> susah, kulantaran sanajan harga beas di pasar naek, tapi harga beuli
> gabah
> >>> ti patani mah tetep bae handap. Para nalayan jeung supir angkot oge
> >>> kateunggeul kulantaran maranehna loba make bbm. Di media masa
> dibewarakeun
> >>> loba nalayan embung ngalaut saentas kanaekan bbm.
> >>> Jadina proses pemiskinan masal kulantaran rata-rata kenaikan harga
> barang
> >>> 3 kali lipat leuwih geda batan kanaekan panghasilan rahayat.
> >>>
> >>> Saentas kanaekan bbm katilu kalian nu dilakukeun ku rejim SBY-MJK dina
> 3
> >>> taun kalayan noron, beurat rasana pikeun milih pasangan eta (atawa
> salah
> >>> sahiji ti eta) pikeun jadi presiden. Malahan Amien Rais mah, geus
> >>> terang-terangan yen SBY teu pantes jadi presiden deui.
> >>>
> >>>
> >>> Kamajuan ekonomi nu bejana 6% teu sajalan jeung turunna nilai rupia ka
> >>> dolar (ti rp. 8.000,- ka rp. 9.000,- per dolarna), jeung lobana
> penderita
> >>> kurang gizi/ gizi goreng nu nepi ka angka 5 juta jiwa kulataran
> kalaparan.
> >>> Ti Aceh, NTT, Sulawesi dugi ka Papua rakyat tiwas kalaparan. Naha masih
> bisa
> >>> rahayat kuat nahan lamun SBY-MJK dipilih deui?
> >>>
> >>> Rejim SBY-MJK sigana kapangaruhan pisan ku ekonom neoliberalisme nu
> >>> leuwih mentingkeun kaperluan kapitalis/pangusaha batan mayoritas
> rahayat
> >>> Indonesia. Leuwih ti 90% sumber kabeungharan alam Indonesia, saperti
> minyak,
> >>> gas, emas, perak jste dikuasaan ku pangusaha-pangusaha deungeun saperti
> >>> Exxon mobil, chevron, bp, Freeport jste.
> >>>
> >>> Sanajan bejana Indonesia tos leupas ti IMF, tapi kanyataanna mantan
> >>> Direktur IMF jadi Menko Perekonomian dina cabinet SBY. Program2 IMF
> saperti
> >>> privatisasi BUMN, panghapusan subsidi bbm, privatisasi PTN terus jalan
> teu
> >>> aya eureunna.
> >>>
> >>> Kelompok ekonom neoliberalisme usaha satekah polah pikeun ngalakukeun
> >>> privatisasi BUMN. Maranehna upaya ngaleungitkeun pelayanan masyarakat
> nu
> >>> biasa dibikeun ku pamarentah bari oge ngupayakeun ngurangan pajak nu
> kudu
> >>> dibayar oleh pangusaha beunghar/spekulan pasar. Contona bae, pami
> barang
> >>> sapopoe nu dibeuli ku rahayat gedena PPN 10%, tapi keur barang nu bisa
> >>> dimaenkeun ku para spekulan pasar saperti saham, pajakna ngan 0,1% wae.
> >>> Pajak barang mewah saperti mobil mewah oge turun nyirorot!
> >>>
> >>> Panegakkan hukum oge sanajan katingalna ngagumbirakeun tapi skalana
> masih
> >>> kelas cetek. Anu kelas milyaran, trilyunan mah teu acan. Teu acan oge
> >>> pamulangan harta hasil korupsi hampir teu aya. Contona bae kasus
> >>> dirugikeunana nagara dugi ka rp 600 trilyun dina kasus BLBI/KLBI dugi
> ka
> >>> ayeuna tacan bisa dipulangkeun satengahna satengahna acan.
> >>>
> >>> Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....?
> >>>
> >>> 1.Teu nganut sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun
> >>> kapentingan perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia
> >>> 2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu
> >>> maksakeun Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN,
> Deregulasi
> >>> 3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu
> >>> meunangkeun bagi hasil nu ilahar.
> >>>
> >>> 4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin
> >>> 5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam
> pikeun
> >>> kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung
> ka
> >>> investor asing
> >>>
> >>> 6.Mere patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK
> >>> 7.Teu naekeun harga bensinleuwih ti 10% per taunna
> >>>
> >>> 8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF)
> >>> salaku menteri.
> >>>
> >>> 9. ...........
> >>>
> >>> 10. ..................
> >>>
> >>> Jadi, saha atuh nu pantes jadi
> >>> presiden.....................???????????????????????????
> >>>
> >>>
> >>
> >>
> >> --
> >> tantan hermansah | SM 1270
> >
> >
> 
>

Kirim email ke