kang Tantan
ari waragad mah panginten relatip gumantung ka kandel tipisna naskah nu bade 
dicitak.
biasana harga buku dipasaran antara 20 dugika 50rb, nu 20ribuan jumlah kacanya 
kurang ti 100 kaca ari nu 50ribuan kaluhur biasana eusina 200 kacaan langkung.
tinggal pilih we bade nu harga jual mana da awis awis teuing mah malah kalahka 
gecet we da saukur dibaraca wungkul ku pengunjung toko, dibeuli mah henteu he 
he.

tina harga jual dipotong konsinyasi kirang langkung 30% ku pihak toko, jadi 
pami hoyong untungna lumayan beaya produksina tong langkung ti 50%na ti harga 
jual, mun tiasa mah di pres deui heu heu ngan nyaeta jaman kiwari mah susah 
milari nu mirah teh, abdi ge nuju kukulibekan.

total kopralna mah tinggal ngalikeun we bade nyitak sabaraha eksemplar 
syam ridwan

  ----- Original Message ----- 
  From: tantan hermansah 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, July 31, 2008 3:41 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Bade medalkeun buku?



  jadi hebat euy. Enya buku indie tea. 

  Cing kang Syam, ari buku indie tea sabarahaeun waragadna sakali 
nyitak....hehehe
  Nuhun ah...

  Baktos
  Tantan

  . 
   

Kirim email ke