Ayeuna teh justru keur usum anu cekap waragad hoyong seserahan cara
tradisional tapi dikemas tradisionil..ayeuna gampil pisan parantos aya EO
adat Sunda..komplit..hoyong naon oge tiasa..Waktos pun anak akd nikah oge
..asa waas nanggap lengser....Si pak lengser teh mimiti datng mah nganggo
Safari..ari tos dangdan ka papaken lengser janten pangling....leumpang
kadang ngagegag..kadang ngagitek dilaguan kendang jaipongan tina
kaset....lahan enggal EO Sunda....

On 8/4/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Lalaki nu geus ngalaman kawin, tangtu ngalaman seserahan, dijajapkeun ku
>
> kulawarga ka imah pimitohaeun. Seserahan biasana barang-bawa, ti mimiti
> alat
> kecantikan tepi ka simbut jeung sapatu pipamajikaneun. Babawaan dikotakan
> bari dihias dialus-alus. Pas dina poe seserahan eta babawaan teh biasa
> ditaranggeuy ku para mojang (lamun kurang mah bisa oge ku nini-nini)
> ngabring ka imah pimitohaeun. Jaman baheula di lembur-lembur babawaanana
> jauh leuwih kumplit, ranjang, beas tepi ka ....embe dituntun. Tangtu jaman
> ayeuna mah geus hese neangan seserahan anu kumplit kitu, sabab teu praktis,
>
> komo kudu nuntun embe sagala mah.
>
> Poe minggu kamari kuring jeung pamajikan ngilu nganteurkeun seserahan anak
> lalaki kapiemang pamajikan, lumayan jauh 170 km ti Bandung. Kapiemang teh
> geus ngantunkeun, tinggal istrina, nu ngahaja datang ka imah, ngondang,
> hayang aya wawakil ti bapana budak, cenah, Ari indit seserahanana mah teu
> ti
> Bandung, tapi ti tempat budak eta nganjrek di imah Uana ti pihak indung.
> Kabeneran imah panganten awewe deukeut jeung tempat nganjrekna, jadi indit
> seserahan teh cukup ku leumpang.
>
> Ti subuh keneh kuring geus indit ti Bandung, Si Cikal sina nyupir, kuring
> mah geus teu pati wani nyupir ari jauh mah. Jam 10 isuk-isuk, tepi ka
> tempat
> panganten lalaki nganjrek. Kasampak geus rame nu rek jajap, papada baris di
>
> gang hareupeun imah. Kotak-kotak babawaan geus rek ditaranggeuy ku para
> mojang nu geus darandan. Rupa-tupa babawaanna teh, saperti ilaharna: Aya
> sapatu, aya alat kecantikan, sepre, simbut. Barisan dibereskeun, kuring
> jeung pamajikan nangtung we ditukangeun barisan nu mawa babawaan. Tapi
> babawaanna loba pisan, kotak-kotak babawaan masih kalaluar ti imah, akhirna
>
> pamajikan kuring oge kabagean kotak, eusina sigana mah dodol nu dihias.
> Nengetan kotak nu ditanggeus kunu sejen, geuning, aya oge nu eusina siga
> dodol, ngan warnana bodas. Aya oge kueh lalaukan laleutik.
>
> Keur barisan diatur-atur, aya nu ngagorowok: "Buaya mana? ....buaya mana?"
>
> Hah .....nu kawin babawaanana buaya? Kuring ngaranjug reuwas. Tapi kareuwas
>
> kuring sirna, waktu ti jero imah aya nampan eusina roti gede nu bentukna
> buaya. Panyana teh buaya bener, boro geus reuwas. Teu kungsi lila kaluar ti
>
> imah nu mawa beas sakarung, jeung dua boboko gede, nu hiji eusina sabangsa
> sayuran, aya kol, wortel, kangkung, boboko nu kadua eusina leuwih
> istimewa, aya daging dua potong gede, sigana mah daging domba, aya lauk
> asin
> jambal roti. Pokona mah babawaanana kumplit pisan.
>
> Si Cikal, budak kuring ukur olohok, nempokeun, manehna aneheun, maklum
> budak
> nu digedekeun di kota, teu nyahoeun kabiasaan seserahan di lembur. Ngan
> waktu ku kuring disebutkeun ieu teh tradisi seserahan di lembur, manehna
> protes, sabab ieu tempat teh di Jakarta, teu jauh ti gedong-gedong
> apartemen
> mewah di Jakarta Kidul ......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
>

Kirim email ke