Biasana nu make roti buaya mah geus pacampur jeung adat istiadat urang batawi, 
ditatar sunda aya oge bubuayaan ngan lain tina kueh tapi tina pakean babawaan 
anu dihias mirupakeun buhaya, paparahuan kadang sosoangan, gumantung kaliheyan 
juru riasna.

Seserahan dipilemburan enya sok ngalabring kawas pawei agustusan eta ge ari 
meunang jodo nu deukeut, tapi umumna jodona tara jauh2 teuing kawantu meunang 
jodona sok ti panglalajoanan, upamana mun aya layar tanceb, bajidoran, wayang 
golek atawa panggih digalengan sawah, da cenah wanoja baheula mah sok dititah 
nganteuran nu disarawah ku indungna....heu heu pangalaman nini uing!

Salian pakean sapuratina, teu katingaleun alat2 dapur timimiti hihid, dulang, 
hawu katut ka suluh suluhna, ngarekot ditaranggung,biasana salian ti suluh 
dibawana sok diwadahan ku dongdang, nucan apal dongdang, dijieuna tina awi, 
segi opat, ditalian dua paragi ngaitkeun rancatan, digotong kuduaan.

Mun indit seserahan biasana sok nungguan dawuh, dawuh teh waktu nu alus pikeun 
calon panganten pikeun miang, biasana sok diitung numutkeun poe-an weton. 
Malahan husus calon panganten kaluarna ge diatur, mending lamun ceuk itungan 
pas kaluar tihareup, kumaha mun kudu tigigir, sedengkeun gigir imahna euweuh 
pantoan, nya kapaksa kudu nganjleng tina jandela heu heu....

Adat seserahan ieu, saliwatan mah siga nu pamer, tapi kumaha da geus ilaharna 
kitu. Kadang aleutan teh ngan ukur ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut nu ngalateur 
wungkul sawarehna loba nu ngaligincing teu barangbawa, balukarna ngaripuhkeun 
ka juru itung, bari nyerangkeun dipengkolan, sungut juru itung kekerenyeman, 
jumlahna langsung dicatet dina hate, sanggeus rengse, berebet ka dapur, 
ngabejaan tukang masak, ngabejaan tukang sate, kawantu tamu teh nek 
diparasmanankeun, mun ceuk  juru itung tamu nu datang aya 500 urang, ceuk 
itungan nu meuleum sate mah jadi 1000, sabab saurangna sok dikalikeun dua, 
lantaran biasana saurangna sok nyarokot dua tiir sewang. Kumaha mun leuwih? Nya 
wayahna antrian nu pangpanderina teu kaagehan. Mangkaning antrian nu pandeuri 
mah biasana mah nu nanggung dongdang atawa nu nuntun domba, matakna ulah daek, 
komo dititah nuntun domba mah, keur mah parasmanan teu kaagehan sate, sajajalan 
bujur digadilan domba...heu heu!
syam ridwan


  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] ; urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, August 04, 2008 2:33 PM
  Subject: [Urang Sunda] Seserahan .....


  Lalaki nu geus ngalaman kawin, tangtu ngalaman seserahan, dijajapkeun ku 
  kulawarga ka imah pimitohaeun. Seserahan biasana barang-bawa, ti mimiti alat 
  kecantikan tepi ka simbut jeung sapatu pipamajikaneun. Babawaan dikotakan 
  bari dihias dialus-alus. Pas dina poe seserahan eta babawaan teh biasa 
  ditaranggeuy ku para mojang (lamun kurang mah bisa oge ku nini-nini) 
  ngabring ka imah pimitohaeun. Jaman baheula di lembur-lembur babawaanana 
  jauh leuwih kumplit, ranjang, beas tepi ka ....embe dituntun. Tangtu jaman 
  ayeuna mah geus hese neangan seserahan anu kumplit kitu, sabab teu praktis, 
  komo kudu nuntun embe sagala mah.

  Keur barisan diatur-atur, aya nu ngagorowok: "Buaya mana? ....buaya mana?"

  Hah .....nu kawin babawaanana buaya? Kuring ngaranjug reuwas. Tapi kareuwas 
  kuring sirna, waktu ti jero imah aya nampan eusina roti gede nu bentukna 
  buaya. Panyana teh buaya bener, boro geus reuwas. Teu kungsi lila kaluar ti 
  imah nu mawa beas sakarung, jeung dua boboko gede, nu hiji eusina sabangsa 
  sayuran, aya kol, wortel, kangkung, boboko nu kadua eusina leuwih 
  istimewa, aya daging dua potong gede, sigana mah daging domba, aya lauk asin 
  jambal roti. Pokona mah babawaanana kumplit pisan.

  Baktos,
  WALUYA
  . 
   

Kirim email ke