Sabar...sabar Kang Nzi. Sakanyaho kuring memang kitu aturanana, boh dina 
bisnis retail atawa di pabrik dahareun. Managemenna galak pisan lamun aya 
karyawan "pangangguran" ngahuapkeun daheureun nu rek dijual/diproduksi. Tapi 
memang sakapeung aturanana teh sok kaleuleuwihi, teu asup akal .....

Kuring oge kungsi  ngalaman kumaha heurasna aturan Pabrik. Harita kuring 
dititah survey cai taneuh dikompleks pabrik inuman ringan. Nu aranna survey 
papanasan, kuring saparkanca bebekelan Aqua sababarha botol. Na da ditewak 
ku Satpamna, Aquana teu meunang dibawa ka kompleks. Keur nginum keukeuh kudu 
nginum inuman produksi manehna. Sanajan gratis tapi da nginum nu amis make 
soda terus-terusan, beuteung jadi bunghak .........

Baktos,
WALUYA

> ----- Original Message ----- 
> From: "Panzi" <[EMAIL PROTECTED]>
> cik lahhh ka urang bogor...!! datangan tah nu ngaran Endang Yudi teh,
> teke ku sarerea geura.. mani asa aing jadi Manager, sangeunah karep,
> tina ngaranna mah sigana teh masih US keneh tah...!! Ngerakeun pisan..!!
>
> Euweuh rasa hampura pisan kanu jadi bawahan teh,
> nyaho ayeuna teh keur hese neang gawe...
> der deuih ngadon mecat karyawan sangeunahna, teu dibere nanaon deuih..!!
>
> mudah2an meunang hidayah eta sang manager teh..

Reply via email to