NGIMPI sang KORUPTOR Di bojong kenyot mah Babah Cingkleung teh kaasup dedengkot koruptor. Najan dicap koruptor nepi kakiwari can ka ambeu ku kapeka kawantu hasil korupsina tara ditunda dibank komo deui di-money loundring-keun cara koruptor liana. Ieu mah estu make cara tradisional pisan, nyimpen duit anu sakitu leunyana cukup dina cengcelengan hayam jago anu ngahaja dipesen langsung ti Plered Purwakarta atawa ditunda dina jero kasur anu dikedengan sapopoena, nya mokaha lamun kasur eta dipoe lantaran kaompolan, sok dilengo ditungguan da sieun aya nu ngaringkid. Gentong padaringan nu aya digoahna ge teu kaliwat dieusian nepika leber, kitu deui karung anu ngahuyud dilumbungna, barang dikait make ganco anu ngaburusut teh lain pare, tapi duit kencring ngaburulu maruragan. Atuh unggal nek incah, duit kencring nu maruragan teh sok dipulungan ku babah Cingkleung tur diasupkeun kana kaneron, pikeun mundut lagu "kabogoh jauh" kapangamen nepika ngabudah.
Teuing meunang korupsi timana duit nu sakitu ngaleutakna, nepi kakiwari can kapaluruh. Ngan nu kanyahoan kubalarea babah Cingkleung teh boga pabrik bakiak jeung tusuk gigi anu bahan bakuna cenah hasil tina ilegal logging. Diimahna anu agreng diwewengkon komplek 'Bojong Kenyot Indah' babah Cingkleung hirup genah,merenah tur tumaninah. Teu genah kumaha, unggal juru imahna dijaga sekuriti anu stenbay 24 jam, sarena oge dikeukeupan ku nu demplon bari digeberan AC split tilu satengah peka,lapar tinggal am, utu eta tinggal ngagupayan badegana, estu hirup lir di sawarga. Ngan hiji hal nu jadi gundah gulana pikiran babah Cingkleung teh, panyakit boeroetna beuki dieu teh beuki gede wae, komo keur bulan purnama mah kawas cai laut wae sok pasang, boeroet ge sok pipilueun ngagedean. Tapi manehna ge sadar, geus jadi konsekuensi cenah lamun jadi koruptor kudu rido dieunteupan sakadang boeroet. Hiji peuting mangsa janari leutik babah Cingkleung ngorejat hudang terus ngaguguyah pamajikanana anu sare ngarengkol siga kuuk. "Ibuna hudang geura...!" "Naon atuh apana? Sok baku ari geus ngagugubrag nu sare teh, piraku can wareg sakitu sore sababaraha kali rintakan!" "Huzzz...sok kamana wae ngomong teh, ieu apa bieu ngimpi, dina rasa teh apa kawin deui jeung nu ngora, tah ceuk ibuna naha ngimpi eta bakal kabuktian atawa kumaha?" "Ah percaya teuing ka ngimpi atuh, riwan eta mah, bakat kuhayang, jadi kaimpi impikeun, aluk mah hees deui keur pelem-pelemna wayah kieu mah!" Geus kitu mah dua-duana guher deui sarare, selang sababaraha jam babah Cingkleung ngorejat hudang deui, napasna renghap ranjug,beungeutna pucet siga tas manggih kasieun. "Ibuna hudang deuleu...hudang!" "Ih ari apana, naon deui atuh?" "Apa ngimpi deui, ngan nu ieu mah pikasieuneun!" "Ngimpi naon deui atuh?" "Dina rasa teh kieu,apa katewak ku kapeka,terus dikerem ditahanan anu bauna matak lieur sahulu hulu,terus disidang make saragam tahanan husus koruptor warna biru dongker,ditulisan ngajeblag warna bodas "KORUPTOR CAPE DECH", anehna dina sidang eta apa langsung diponis, dihukum pati,carana titah milih langsung kawas multiple choice,a.digantung make gelasan, b.ditembak make bedil angin, c. disetrum ku raket paragi ngala reungit, tah kulantaran apa baheula resep ngadu langlayangan nya milih make gelasan, geus kitu mah beuheung karasa aya nu nyangreud, hos we paeh, geus paeh mah meureun ibuna ge paham mun koruptor siga apa, jigna kamana. Tah kitu, ayeuna nu jadi pertanyaan teh naha ngimpi eta teh bakal kanyataan atawa kumaha?" "Euleuh kutan ngimpi kitu nya! Tah mun ngimpi kawas kitu mah pasti bakal kanyataan apana, geuwat geura insap!" Ngadenge kitu babah Cingkleung langsung ngulapes, jantung koroner karasa deui. syam ridwan nb. ka baraya sadayana nu teu acan gaduh buku paket kusnet, nyaeta keom jilid hiji sareng jilid dua, mangga japri ka [EMAIL PROTECTED] atawa [EMAIL PROTECTED] pan sakedap deui ulangan, nu can gaduh moal tiasa ngiring ulangan he he...