> From: Kang Nolednad
> Perkawis antitesa nu justru panon poe nu ngurilingan bumi, ieu ijtihad nu 
> lebet kana urusan dunya. Kedah dilakukeun
> pembuktian empiris kanggo ngukur tingkat kaleresanana, tapi sanes hartosna 
> teori nu ayeuna oge tos final.

Punten Kang, Dunya ngurilingan panonpoe mah SANES teori deui, tapi geus 
kabuktian benerna, jadi bisa disebutkeun BEBENERAN. Jeung deui pamanggih 
soal dunya ngurilingan panonpoe teh sanes ayeuna,  tapi 600 taun katukang, 
Nu mimiti nyebutkeun Copernicus nu hirup di abad ka 15 (1473 -1543 M), hal 
ieu dikuatkeun ku Sir Isaac Newton nu hirup 200 taun saatos Copernicus (1642 
M-1727 M).  Keur nu diajar eksakta jeung kamajuan budaya manusa, tangtos 
terang saha Newton teh,  salah saurang manusa nu hasil pikiranana dipake ku 
teknologi jaman ayeuna, kaasup ku urang sorangan. Coba bayangkeun ti 600 
taun katukang ......lain waktu sakedap. Keur kuring pribadi yakin pisan geus 
FINAL Dunya teh ngurilingan panonpoe, loba buktosna. Nyebutkeun sabalikna 
lir ibarat nyebutkeun seuneu teh tiis ....lain panas!

Terus terang kuring prihatin ku ayana buku ieu ditambah ku buku nu 
nyebutkeun Teori Darwin Runtag alias rahul. Buku-buku ieu teu ngajarkeun 
sikep kritis kana fenomena alam, teu ngajarkeun sikep "kerja keras", 
"pantang menyerah", jeung sikep tulaten. Buku-buku eta ukur cutut-cutat tina 
Ayat Suci jeung tulisan batur, teu ngajarkeun kumaha sih ari nu disebut 
"PANALUNGTIKAN" teh.

Copernicus boga kacindekan kitu kulanataran nempoan gerak bentang di langit 
mangtaun-taun, Newton ngaluarkeun hukum garvitasi, ceuk dongeng mah 
kulantaran katinggang buah apel, tepi ka mucunghul pananya: "kunaon buah 
apel ragrag kaahandap? .  Sikep "pantang menyerah" : Darwin apruk-aprukan 5 
taun samemeh boga kacindekan. Dubois ngapruk  DAS walungan Bengawan Solo, 
kulantaran ku pertimbangan yen "karuhun" manusa teh kamungkinan gede hirup 
di DAS Bengawan Solo. Perhitungan Dubois kabuktian, manehna manggihan 
tangkorak Pithecantropus Erectus. Sanajan Pithecontropus Erectus cenah mah 
lain "karuhun manusa", tapi tetep usaha Dubois kudu dihargaan. Sababraha 
minggu katukang dina Metro TV aya pelem "Was Darwin Wrong?". Didinya 
ditunjukkeun kumaha para akhli apruk-aprukan ditempat hara-haraeun, 
mangtaun-mangtaun ukur neangan bukti naha aya species perantara waktu lauk 
evolusi ka bianatang darat. Taun 2004 usaha ieu hasil, kapanggih aya fosil 
nu dipercaya species perantara lauk jeung binatang darat.

Lamun urang Indonesia ( kaasup urang Sunda) terus-terusan dicekok ku hal2 nu 
dogmatis teu kritis, hasilna nya teu aneh loba urang Indonesia katipu: Bom 
Bali disebut bom Micro Nuklir, gara-gara aya tulisan bule nu resep sensasi, 
Tsunami di Aceh disebut gara-gara nuklir oge,  Aya nu ngaku "elmuwan" 
tamatan AMerika nu bisa ngadatangkeun hujan ditanggap ku hiji Departemen 
pamarentah. Malah teu kurang Presiden oge "katipu": Aya cai bisa jadi 
bengsin, aya pare "super" nu lamun dipelak bisa panen 3 kali belasan ton 
......

Budaya manusa, kaaasup kamajuan teknologi jeung elmu pangaweruh, lir ibarat 
wangunan piramid nu terus tumuwuh tapi aya dadasarna anu kuat jeung panceg. 
Teu aya anu instan, sagala gancang .......siga ujug-ujug nyebutkeun panonpoe 
nguriling dunya, ujug-ujug nyebutkeun teori Darwin rahul, ujug-ujug cai bisa 
jadi bengsin, ujug-ujug aya pare "super".
Duka naon deui engke nu jadi "ujug-ujug" deui ......

Baktos,
WALUYA





 

Kirim email ke