> From: Dadi Kurniadi
> heheheh.
> punten kuring kirang percanten, sabab sakaterang kuring, kerajaan saudi 
> pro sunni (wahabi) dugi ka ayeuna oge. Maenya
> jeruk makan jeruk....!

Naonna nu teu percanten Kang? Kajadian 20 November 1979 di Masjidil Haram 
teh dibejakeun ku media di saluruh Dunya, kaasup di Indonesia. Tangtu we anu 
harita barudak keneh mah, teu apal kana kajadian ieu. Lumayan jadi "heboh" 
di urang oge,  tapi acan oge jelas aya kajadian naon di Mekkah, jol=jol aya 
beja "gorombolan bersenjata" bisa ditumpes. Geua weh teu aya beja deui. Jadi 
kajadian Masjidil Haram diserebu jeung dikawasa ku "gorombolan bersenjata" 
teh bener kang kajadian!

Tah buku Trofimov ieu teh, nyoba ngungkap kajadian naon harita teh:  kasang 
tukangna,  waktu kajadian jeung AKIBATNA KAHAREUP. Buku ieu dimedalkeun taun 
2007, jadi kakara 28 taun, aya tulisan lengkep soal kajadian di Mekkah taun 
1979. Lolobana mah ukur rumor ......saperti nu ditulis ku Carmen Bin Laden*) 
dina biografina, nu ngabebaskeun Masjidil Haram teh pasukan Payung Perancis. 
Padahal  ceuk Trafimov nu ngabebaskeun Masjidil Haram tetep pasukan Arab 
Saudi, tapi make penasehat pasukan anti terror Perancis oge perlengkapanana. 
Urang Perancisna  ngan 3 urang ....

Karajaan Arab Saudi memang karajaan nu ideologina Wahhabi, tapi lain hartina 
urang Arab Saudi/ Wahabbi raresep kabeh ka kulawarga Saud (kulawarga raja). 
Aya oge nu teu resepeun. King Faisal di taun 1975 ditembak ku alona tepi ka 
maot. Alona ieu, boga lanceuk nu dihukum pati ku King Faisal, kulantaran 
nyieun kaributan di taun 1965, protes sabab  King Faisal ngijinkeun siaran 
televisi!. ....

Kitu tah Kang. Jeung leres pisan ulah asal percanten, aya saena aos heula 
bukuna ........(punten sanes promosi, tapi buku ieu luamayan masihan wawasan 
soal kaayaan di Timur Tengah).

*) Carmen Bin Ladin, ipar ti Osama Bin Laden. Manehna urang Swiss nu dikawin 
ku Yeslam Bin Laden, lanceuk Osama Bin Laden. Carmen ayeuna netep di 
nagarana deui (Swiss).

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke