Kang Ilen, assalamualaika

.....sigana nu tos ngawitan kana pohaci sang hyang sri mah bagian 
salajengna….....raosan heula bagian –kaorokan- he..he… manawi pareng pas 
lilikuran dodongeng ulikan tangtung pohaci sanghyang sri  kakintunkeun. 

Baktosna,
Eddy nugraha


==========


POHACI: (III)

NYUGUH  POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK


VI

Tina carita diluhur, beuki atra yen aci-acining kadaharan teh ku bantuan daya 
hirup (sukma) ti nu maha suci (pwahna/gunana) jadi pohaci - jeung tambahan doa 
indung bapa sab Allah mah ngabulkeun doa.  Nya eta tea nu ngajadikeun  janin  
jadi hirup bari hurip.  Matak kudu hurmat pisan ka pohaci teh sabab enya 
manfaat tutulungna ka jelema.

Pan  kongas dulur-dulur urang kanekes mah dina  ngawincik asal-usul luluhur teh 
ti mimiti indung-bapa tuluy ka aki-nini, buyut, bao,udeg-udeg, janggawareng, 
kakait siwur tuluyna/ahirna mah ka bapa Adam indung Hawa. Ieu nunjukkeun 
kawinekasan aranjeuna sabab  ari Adam teh pan tina taneuh ari hawa teh pan di 
sundamah udara atmosphere (hawa teh mani seger, mani nyongkab, mani tiis jrrd). 
Nya tangtu heueuh pisan enyana da jadina jelema timimiti anak sudang teh asalna 
mah tina aci-acining taneuh nu bisa dihakan ku jelema kusabab aya Hawa nu 
ngabayuan nu ngajadikeun pohaci tiasa nyata/turun di buana pancatengah. Moal 
aya jelema di dunya lamun euweuh hawa nu ngajadikeun taneuh tempat hirup hurip 
bijil cai curcor tutuwuhan sasatoan manggapulia. 

Di situs purba gunung padang Cianjur oge di undakan 
pangluhurna-luhureun/pengkeureun ‘makam/kedudukan’ Sang Siliwangi teh aya 
‘batu’ makam/kedudukan  Bapa Adam Indung Hawa-dihandapna aya taneuh nu sok 
dibekelkeun kanu jarah. Cenah aya maunatna lamun boga pamaksudan.  Sacara  
wijaksana luluhur mere siloka nyaeta nu utama lamun boga kahayang hayang 
laksana nya omean taneuh maneh (awak teh asalna tina aci-aci taneuh) – kawas 
taneuh nu boga karamat- ameh nyari meureun payu. 


VI

Lamun geus lahir……

Balina lumrahna dikubur deui hartina dibalikeun ka taneuh (nu jadi asal mula 
Adam) bari di program keun supaya ngahiji deui make aci-acining uyah panglay 
jrrd  supaya jadi Pohaci Dangdayang Sari nganteur  lebur jeung  taneuh sa dunya 
sarina asup deui ka awak-awak jelema mantuan jelema. 

Matak sabenerna kudu daek make parancah indung beurang supaya budak walagri ku 
ngado’a mere program nitip (ctrl-C, ctrl-V) dina ‘memory dunya’ ngaliwatan 
balina nu dileburkeun deui jeung taneuh. Ayeuna mah urang sunda loba nu teu 
wanoh ka pohaci Dangdayang Sari, ngaapilainkeun atawa dina nguburna sok teu 
pati ngajenan jeung nganggap ngan saukur sarat komo loba nu nganggap ngan 
saukur adat - buktina dina migawena teh Bapana nu boga tanggung jawabna nu 
TUANGna tara ngilu-ngilu acan. Padahal nu penting mah bapana mere do’a/program 
meungpeung balina ‘alus’ keneh bisa nyimpen memory program du’a memeh di lebur  
balik ka asal ngahiji jeung puseur asalna. 

Bali budak teh, aya oge nu digantung jadi kanjut kunang pakeun dipake 
ubar/tumbal/jimat jrrd sanggeus ngaliwatan  ‘program’ parancah khusus nu engke 
make setting ‘time-counted program’ nu bareng larut/leungit lamun budakna 
waktuna maot. Ayeuna aya beja ti rumah sakit di Singapore aya program nyimpen 
bali orok di hospital. Waragadna ratusan juta perak, cenah dokter-dokterna 
yakin yen ti eta balina bisa dipake sumber diagnosa jeung ubar pakeun sagala 
panyakit budakna kahareupnakeun mun katerap. Pan  dina basa sunda mah aya 
paribasa nu geus nahun  BALI GEUSAN NGAJADI. Baheula dipake ku urang sunda  
ayeuna di mangfaatkeun ku singapura (sanajan can tangtu beunang nanya ti indung 
beurang) …. sugema pisan…. nu sorangan dipiceun ari perlu mayar ka deungeun.

VII

Kumaha timimiti orok nepi ka jadi jelema? Kumaha carita pantun nu di caritakeun 
timimiti teh nerapna..euy? 
Jeung kumaha maksud tulisan nyuguh pohaci meungpeung puasa? Bari pohacina 
ngaku-ngaku wani nyebut pohaci sang hyang dewek sagala?? Teu sieun 
katulah??....puah…puah…

(Urang kintunkeun bagian salajengna upami pareng)



      

Reply via email to