Sababaraha taun katukang, aya budak mahasiswa jeung mahasiswi heureuy 
kamalinaan, make direkam ku handycam sagala. Dasar belegug, der rekamanana 
teh ditransfer kana CD ngaliwatan jasa tukang transfer video. Ku tukang 
transfer video, eusi rekaman teh dilobaan terus disebarkeun. Akibatna jadi 
geunjleung.

Nu kuring panasaran, naha perlu sapasang mahasiswa ieu dipariksa terus 
dihukum ku pangadilan? Lain maranehna teh KORBAN tina kadelekaan, 
kasarakahan jeung kamunafikan batur. Saha nu kuduna dihukum? Ceuk kuring mah 
nu kudu dihukum teh nu nyebarkeun rekaman eta, lain korbanna. Watir ...... 
sabab maranehna salian dihukum ku nagara, oge dihukum ku masyarakat.  Tong 
boro jinisna, dalah kulawargana wae, meunang wiwirang nu luar biasa: Indung 
budak lalakina tepi ka teu wani kaluar imah, bakating ku era , padahal 
biasana aktif di pangajian ibu-ibu di perumahan.

Tah kuduna UU Pornografi teh ngalindungi korban jeung ngahukum beurat nu 
nyebar-luaskeun ........

Baktos,
WALUYA

 

Kirim email ke