Endahna Peuting Di Bulan Puasa 

Bentang
     marakbak ngabageakeun peuting di bulan ramadhan,

ngahiasan
bulan nu geulis di beulah wetan,

hawar-hawar ti
masjid sora jalma soleh keur pupujian,

dibarengan ku
bagjana hate patepung jeung bulan kabarokahan. 

 

Angin peuting
nu sapopoena jempling,

di bulan ieu
pinuh ku sora jalma soleh nu ngageuing,

supaya jalma
loba beuki nambahan ka eling,

endahna bulan
puasa ditengah peuting. 

 




      

Kirim email ke