Salam miwah hormat,
Alhamdulillah, kadeudeuh, kaheman, sareng kanyaah wargi-wargi Kusnet patantos 
katampi ku kulawargi Mang Yaya. Cenah, eta kagegelan teh bade ditabungkeun. 
Malah aya nu sumping ti ti Jepang, nu kantos guguru ka Mang Yaya. Cenah, mendak 
wartos teh ti <urangsunda@yahoogroups.com>. Anjeunna nyumbang. Ayeuna 
dijumlah-jamleh janten 3.500.000. Bade ditabungkeun, saurna, kanggo operasi 
saluran air kencing tea di Rumah sakit Hasan Sadikin, Bandung. Waragadna teh 
kirang langkung 10 juta. Ku ayana sumbangan ti wargi Kusnet, parantos 
ngaringkeun biaya kanggo oprasi.
Kulawargi Mang Yaya ngahaturkeun nuhun ka Kusnet, utamina nu tos nyumbang. 
Mugia dina sasih Shaum ieu, kasaean para wargi sing dibales ku Allah SWT, sing 
digentosan deui langkung ti kitu, sareng sing aya mangpaatna ku kulawargi Mang 
Yaya.
Kitu deui ka Uwa MSas, sareng Mang Jamal, pirang-pirang nganuhunkeunna. Dina 
kaayan panas kacida, macet, pabeulit ku motor, ieu Kuncen Kusnet teh iklas tur 
rido rurumpaheun ka Rancakalong, ka lembur sim kuring sareng ka lemburna Yus R. 
Ismail. Abdi teu tiasa ngajamu Uwa Msas sareng Mang Jamal, malum nuju sasih 
siam. Ke wae mun rineh, insya Allah urang ngariung di rumah adat, urang nabeuh 
tarawangsa. Manawi sadayana aya hibar pangesto. Amin.
Sakali deui. Abdi minangka generasi turunan tradisi tarawangsa, ngahaturkeun 
rebu nuhun lanksa kabingahan ku kasaean para wargi di kusnet.
 
Baktos 
Pun Usman Supendi
 


      

Kirim email ke