> From: "abas_amin08" <[EMAIL PROTECTED]>
> AA: na kitna mah leres oge kang Waluya, haita pan mani guyur
> salelembur ear sajajagat kapan. Eta teh lantaran TEKNIK Modern tea
> disebarkeun ku nu teu aleucreug; tapi nu salah pisan nya maranehna we
> mani asa ieu aing ngasupkeun keur kikituan maranehanana sorangan kana
> VCD; pek nanaonan geura?!

Tah bah perkara "salah"na ieu Bah. Kuring kirang sapagodos lamun para 
"pamaen" tepika kudu DIHUKUM ku nagara. Sabab maranehna teu boga niat 
nyebarkeun, ukur keur kaperluan pribadi maranehna wungkul. "Salah"/ 
ngalanggar etika ceuk masyarakat, pan teu kedah sadayana dihukum ku nagara. 
Anggap we nu hitut tarik pisan jeung kacida bauna  ditempat nu rame .....

Komo deui ayeuna, alat rekam gambar pabayatak, contona HP. Kumaha lamun aya 
pasturi (pasangan suami istri) anu iseng, keur koleksi pribadina, terus  aya 
nu "maling" disebarkeun ka publik? Ceuk RUU Pornografi pasturi ieu kudu 
dihukum, sabab nyimpen materi seksualitas .......

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke