AA: Ngalakukeun jinah jelas dilarang keras ! Dosa hukumna, boh cek
Agama boh darigama; saksina teh kudu Opatan ; tah ieu mah kapan
SAKSINA jutaan jelema! Ti Mana dasarna kang Waluya kudu ngabebaskeun
nu salah ? Ari pasturyi mah meureun era sorangan wungkul; tapi teu
meureun ari dosa mah !
Tah na jihad kasalahan mah eta nu di itenas teh JELAS pisan ! naha
bade dibela kumaha kituh kang Waluya???!!!
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: "abas_amin08" <[EMAIL PROTECTED]>
> > AA: na kitna mah leres oge kang Waluya, haita pan mani guyur
> > salelembur ear sajajagat kapan. Eta teh lantaran TEKNIK Modern tea
> > disebarkeun ku nu teu aleucreug; tapi nu salah pisan nya
maranehna we
> > mani asa ieu aing ngasupkeun keur kikituan maranehanana sorangan
kana
> > VCD; pek nanaonan geura?!
>
> Tah bah perkara "salah"na ieu Bah. Kuring kirang sapagodos lamun
para
> "pamaen" tepika kudu DIHUKUM ku nagara. Sabab maranehna teu boga
niat
> nyebarkeun, ukur keur kaperluan pribadi maranehna wungkul. "Salah"/
> ngalanggar etika ceuk masyarakat, pan teu kedah sadayana dihukum ku
nagara.
> Anggap we nu hitut tarik pisan jeung kacida bauna ditempat nu
rame .....
>
> Komo deui ayeuna, alat rekam gambar pabayatak, contona HP. Kumaha
lamun aya
> pasturi (pasangan suami istri) anu iseng, keur koleksi pribadina,
terus aya
> nu "maling" disebarkeun ka publik? Ceuk RUU Pornografi pasturi ieu
kudu
> dihukum, sabab nyimpen materi seksualitas .......
>
> Baktos,
> WALUYA
>