Tapi kade ah..sanaos Amrik anu udur..tapi edah emut epekna kana Neraca
permodalan Indonesia sareng Neraca barang dan jasa Indonesia....Turunna
harga minyak..teu alus teu goreng jan Indo mah...alusna Subsidi BBM
ngurangan...gorengna harga LNG Bontang turun oge kulantaran dikaitkeun kana
harga minyak..maksud pamarentah keur harga minyak naek..hayang boga income
'wind fall' tina harga minyak $ 120/barrel bari ngurangan impor minyak tanah
jeung solar (anu sabagian diganti bio solar)..nya bolay...

Nah can nanaon koers nggeus nepi ka Rp 9700/$, BI naekkeun SBI keur neken
inflasi....jelas sektor REAL pasti kabanting...Ekspor Indo ka Amrik 10%
didominasi ku UKM..bakal ngoceak...mahal mayar ku $..kitu deui ka
Euro...kulantaran ngoceakna $ ..nguatan Euro..Eksportir Indo ka Euro oge
bakal ngoceak utamina testl, sapatu, sendal  sareng garment (UKM).

Kumaha investasi ? Lah dunia otomotif bakal keuna..dunie properti bakal
keuna..kulantran bunga kiridit pasti bakal naek..pausahaan biasa bakal
ngurangan pagawe..pangangguran nambah...ngabantu saeutik keur neken
inflasi...tapi beban sosial pulitik jadi nambah..komo keur Pemilu milih Pres
jeung Wapres.....Sri Mulyani ngaramal ye suku bunga 2009-2020 bakal antara
12%-13%. Biasana lamun diramal sakieu...kanyataan na bakal leuwih..tarohlah
15% /taun.  Anu nyerengeh..koneng naya ..para patani....Patani kembang
deposito..........

On 10/7/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ceuk beja, Amerika ayeuna keur gering keuna ku krisis keuangan. Ngan
> nyaeta
> geuning geringna nu beunghar mah bet ngabalerang ka batur. Di urang harga
> saham anjlok, rupiah melempem ..... pikahariwangeun. Tapi aya ketang nu
> pikabungaheun harga minyak atah turun 40%, ayeuna ngan $89/ barrel. Bapa
> Presiden RI ngayakeun rapat ngadadak, sanajan lebaran keneh. Ari sugan teh
> rek ngumumkeun harga bengsin turun, ari pek teh ukur ngabejaan cenah urang
> Indonesia mah tong hariwang jeung salempang sabab ekonomi indonesia keur
> kuat ......
>
> Bener kitu eta teh? Cik kanu ngartos ekonomi, kudu kumaha yeuh .......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke