lamun lere eta BK hasil p4roses alam sanes hasil budaya manusa...na eta mah
murni Mineral Batu (Andesit atanapi Granit ? nya). Ayana diwewengkon
lindungan envi atanpi echo pan teu tiasa ngarobih status BK janeten BCB. Sok
emut kana Inten Trisakti....ditimuan ku rakyat..tapi naha di klaim ku Nagara
?. Ayeuna teuing dimana ?

On 10/13/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Pelajaran naon anu bisa diangkat tina Kasus Batu Kuya?
> Aya komentar anu ngupahan maneh, "keun wae lah, titinggal budaya karuhun,
> dicokotan ku batur, sahanteuna aya anu mulasara, tibatan di urang, teu
> dipirosea."
>
> Urang Sunda teu bisa mulasara kakayaan alamna sorangan. Paingan ceuk Mang
> Ayip Rosidi dina buku "70 taun Hidup Tanpa Ijazah", Urang Sunda zaman kiwari
> geus poho kana purwadaksina, teu paduli kana kasenian, budaya jeung alamna.
>
>
>
>
> *Perkara Batu Kuya*
>
>
>
> * *
>
> Soal Batu kuya/kuda anu diributkeun tea, tim ti Fakultas Ilmu Budaya (FIB)
> UI netelakeun siga dihandap ieu.
>
> Pa Hasan Djafar salah sahiji ahli arekeologi ti UI, anggota tim anu
> ditunjuk Menteri Kebudayaan dan Pariwisata  dina kasus batu kuya, tanggal
> 29 sareng 30 Sepptember 2008, tos ka lapangan, ka walungan dimana batu kuya
> tadina ngajogrog sareng ka Cilincing, dimana batu kuya disimpen di kantor
> ekspedisi anu rek ngirim batu kuya ka Korea. Batu kuya tes, estuning batu
> alami, panjang 6 meter, lebar jeung luhur kira-kira tilu meter, beuratna 73
> ton (versi Pak Boy, Dinas Purbakala Kab. Bogor) anu teu aya rekayasa ti
> manusa, dipahat atawa di potong atawa digambaran sahingga bisa dianggap
> sabage artefak (batu alam anu direkayasa ku manusa sahingga boga harti jeung
> fungsi pikeun kahirupan manusa). Jadi rupa batu anu jiga kuya/kuda teh
> estuning lain jijieunan manusa. Dina catetan peninggalan purbakala anu
> dijieun Walanda (tahun 1830 an?), eta batu kuya teh teu kacatet sabage
> titinggalan purbakala. Jadi pikeun nangtukeun naha eta batu teh kaasup benda
> cagar budaya (BCB) sakumaha anu kaunggel dina UU no.5/1992 tentang Benda
> Cagar Budaya, kudu ditalungtik deui leuwih jero, sabab para ahli arkeologi
> teu bisa ngan ukur ningali kaayaan pisik batu langsung bisa nangtukeun BCB.
>
>
>
> Tapi eta batu teh ayana di wewengkon Kawasan Hutan Lindung Haurbentes Taman
> Nasional Gunung Halimun-Salak, anu dilindungi ku Undang-Undang, anu teu
> sagawayah mindahkeun atawa ngarogahala naon wae anu aya di wewengkon eta.
> Sok sanajan lain batu artefak, atau batu kuya bisa dianggap salaku batu
> ekofak, sabab aya di wewengkon situs-situs purbakala. Di beulah kulon aya
> situs  megalitik Kosala jeung Lebak Sibedug (kabupaten Lebak), di Beulah
> wetan aya situs Prasasti Jambu (kacamatan Nanggung) jeung situs Megalitik
> Pasir Angin (Kacamatan Cibungbulang), atuh di Kidul aya situs megalitik  
> Pangguyangan
> jeung Tugu Gede. Cindekna mah Batu Kuya the lain ngan sakadar masalah
> arkeologi, tapi oge masalah ekologi jeung perlindungan alam.
>
>
>
> Ceuk Kang Agus Aris Munandar, salaku manager penelitian FIB UI,  Dinas
> Purbakala Kabupaten Lebak, ngajak ahli arkeologi FIB UI, dina tanggal 20
> Oktober ieu, salila saminggu, ngayakeun panalungtikan situs-situs purbakala
> di Lebak-Bogor. Malahan mah dana anu diusulkeun teh pikeun ngayakeun
> ekskavasi (penggalian). Tapi FIB nyarankeun ngayakeun pendataan heula, sabab
> data-data dina catetan anu dijieun ku walanda heunteu taliti (contona situs
> di Sindang Barang Bogor).
>
>
>
> Sok tah, sing saha anggota milis urangsunda nu rek ngiluan jadi tim relawam
> daftar ka Pemda Kabupaten Lebak.
>
>
>
> Baktos,
>
>
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
>
>
>
>
>  
>

Reply via email to