Poe Jumaah kamari tanggal 17 Oktober 2008, pasosore PSS (Pusat Studi Sunda) 
geus lumangsung sawala maneuh bulanan bulan Oktober 2008, Jejerna : Ki Sunda 
Jeung Politik, tempatna di Jl.Kliningan II No.5 nu jadi panyatur Kang Setia 
Permana (Ketua KPU Jabar manten) jeung Kang Cecep Burdansyah (Wapemred Tribun 
Jabar, keur jadi wartawan keneh mah kawentar wartawan galak). Sim kuring jadi 
panumbu catur. Pamilon kamari mah rada rempeg, aya Kang Ajip Rosidi (budayawan 
Sunda), Pa E.Saefullah (Rektor Unisba salaku pupuhu PSS), Pa Bana Kartasasmita 
(kantos janten calon Rektor ITB), Irfan Anshory ( Anggota DPRD Jabar manten, 
direktur Ganesha Operation bimbingan belajar), Iip D Yahya (pengamat ormas), 
Hasan Wahyu Atmakusumah ( kasepuhan sastrawan Sunda), Kang Dadang Muhamad 
(Kusnet) sareng nu sanesna, dietang-etang pamilon teh aya 28 jalmi. 
Kanggo bubuka sim kuring ngawahan yen urang Sunda teh gaduh watek masarakat 
huma, ngaharib-harib individualis, apal ukur ka kulawadetna hartina hubungan 
kulawarga sok dianggap leuwih penting batan hubungan lokalitas, produktif 
sakaligus konsumtif, hal ieu ditanyakeun ka kang Cecep naha aya pakaitna jeung 
dunya politik hususna jeung polisi ti urang Sunda. Kang Cecep teu pati togmol 
ngaenyakeun kitu tapi leuwih ngadadarkeun yen di dunya politik mah nu aya teh 
kapentingan partey kalan-kalan leuwih nyoko kana kapentingan pribadi, 
kapentingan lokalitas mah tara digarap. Tangtu we kang Cecep mere argumen nu 
kuat dumasar kana hasil ngimeutan salila jadi wartawan tur wapemred. Kang Setia 
leuwih loba mere pencerahan kahareupna. Aya tanggapan ti Kang Ajip ngaenyakeun 
yen politisi Sunda leuwih individual. Waktu kuring ngajukeun pasoalan yen dunya 
politik cek awam ngan sakadar lebarna televisi atawa aya henteuna urang Sunda 
nu jadi menteri, sok loba rumahuh yen urang Sunda mah tara wani debat, buktina 
nu sok aya dina televisi arang langka urang Sunda nu jadi meteri ge ampir 
euweuh, nu togmol mere tanggapan teh ti Pa Irfan Anshory yen enya urang Sunda 
mah teu resep debat, eta teh pangalaman anjeuna waktu jadi anggota DPRD Jabar 
1999-2004.
Ceuk Kang Setia tipologi politisi aya opat ritualis, tribunalis, inventor jeung 
broker, saur inyana idealna politisi urang Sunda mah kudu tribunalis.
Kacindekanana tina eta sawala 1. kudu aya kader (ngadidik) ti civil soceity 
Sunda pikeun polisi urang Sunda asupna mah ka partey mana bae supaya boga sikep 
kosmopolitan (teu poho ka sarakan, baca asal konstituen). 2. Kudu aya kaukus 
Jabar di DPR-RI pikeun ngawadahan para politisi asal Sunda.

Laporan lengkepna mah insya Alloh bakal ditulis dina majalah Cupumanik bulan 
Nopember 2008. 

Sanggeus sawala rengse kuring ngaharewos ka Kang Setia Permana nu geus nulis 
buku Ki Sunda Dan Politik, kuring teu pati panuju kana judul buku utamana kecap 
Ki sabab eta aya polarisasi gender, kecap ki siga nu husus keur lalaki atawa 
maskulin, lamun eta kecap Ki teh tina aki-aki atuh meureun ompong peot tawehwoh 
jeung pikun, lamun tina lalaki atuh puguh eta mah maskulin bisi ngambek para 
feminim. Lamun di ayak deui boa eta teh tina kecap kiayi nu sok disingget jadi 
Ki siga Ki Nartosabdo, atawa Kiayi Langgeng, Kiayi Sangkelat (keris) lamun kitu 
atuh eta mah ti Mataram, padahal budaya Mataram dina buku Kang Setia eta rada 
digitik.
Kang Setia harita ukur ngawaler oh kitu..?  

MSasmita

Kirim email ke