Wilujeng kang Jaja, sok geura padungdung!
Tos siap ancrub ka pulitik, tangtosna tos siap di kiritik.

Ku nyalonkeun jadi caleg, masarakat tos apal kahoyong kang Jaja, hoyong dipilih!
Tah kukituna kedah terang oge kahoyong masarakat tatar pasundan umumna, 
atuh urang sumedang hususna. Ulah ngan bisa ngolo waktu keur kampanyeu
ari tos kapilih, hilaps bin poho we kanu milihna, raos2 nyelegon di senayan. 
Kade ah omat tong kitu!

Ti kapungkur ti unggal nu kampanyeu, patarik tarik "ngajual janji manis"
tapi emprona, Beu!

Di sumedang kapayuna tos nangoh nu kedah dibereskeun sareng diperjuangkeun 
nasibna. salah sapuluhna masarakat
anu keuna rendaman waduk jatigede, ayeuna tos eungkeut2 aya nu ka Jarambi,ngadu 
nasib diditu.
kumaha bade ngamajukeun daerahna ari pangeusina arincah ka daerah sejen.
Sawah ledok anu tadina jadi lumbung padi daerah smd, sakedap deui bakal jadi 
sagara dadakan.
Nu tadina patani kiwari tos eungkeut2 nyalingkir ka pasir
Mun can dibekelan tiayeuna dina hal perikanan masarakat didinya ngan bisa 
lalajo, boa ngan ukur jadi tukang nguseup.
Atawa anu tos jadi tradisi, jadi urban kakota, jadi tukang dagang(dipaksakeun 
jadi tukang dagang) antukna jati kasilih ku junti! Beu!

Najan kitu, ari amanah mah pasti didarukung ku urang sumedang, sanes nu ageung 
posterna nu mincut hate masarakat
tapi nu ageung kontribusina ka masarakat, ku hal2 nu nyata. Tapi tetep ketah 
ari poster mah perlu,pan caleg ayeuna mah kedah poto genik, atuh mun tos janten 
kedah camera face da remen lebet tipi,  najan enya kiwari sok asa rungseub mun 
ningali alun2
sing serengeh poto2 caleg pagede gede, ditugeng tisisi tigigir, aya nu 
nyangenyeng katebak angin puyuh,
aya oge nu dipajang dipengkolan dina hieum deuih, pas peuting kasorot ku lampu 
kandaraan, sok reuwas da sugan teh naon
serengeh pas pengkolan....heu heu....!

Hidup urang sunda, hidup urang sumedang! hidup kang Jaja, wilujeng makalangan!

baktos,
syam ridwan



  ----- Original Message ----- 
  From: jaja 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, October 17, 2008 10:06 AM
  Subject: [Urang Sunda] Waktosna urang sunda bangkit - harudang


        Punten sakalian sosialisasi ....




        Alhamdulillah, abdi sementawis tos kadaftar di DCS kanggo ngawakilan 
dapil Jabar-9 (SMS) ti PMB ) Partai Matahari Bangsa No 18) . Abdi caleg nomor 
1. Dihandap ieu torehan hate jeung dorongan sumanget abdi.




        Visi atanapi cita-cita kang Jaja nyaleg DPR RI teh nyaeta : hoyong 
ngabangkitkeun jeung majukeun tatar pasundan, tujuanana kanggo kajayaan tarar 
Pasundan keur ngarojong kamajuan nagara Indonesia.


         
       



   

Reply via email to