munggaran ngadenge istilah kotak pandora dipatalikeun jeung budaya sunda
atawa sarupaning sunda, ti kang mikihiro moriyama dua tilu taun katukang.
manehna nyaritakeun ngobrol jeung dosenna/seniorna nu urg jepang.
cenah alatan hese jeung teu nyampak atawa negrak sumber2 panalungtikan
budaya sunda teh, komo nu baheula. si dosena mere sumanget yen boa2 naon
nu baris kapanggih bakal mangrupa kotak pandora.

harti dina konteks eta mah, lain soal goreng, tapi yen mun manggih bahan
soal budaya sunda, sarupaning naskah sunda kuno, meureun diharepkeun baris
kapanggih atawa kabuka misteri sajarah atawa budaya sunda beh ditu-nu
salila ieu can dipikanyo jero. sabab beda jeung sajarah etnis sejen cara
jawa, sunda mah relatif saeutik nu nyampak, kudu diteangan.

cara aya candi tina bata di rancaekek. ujug2 aya candi di dinya. sanajan
can kapanggih caritana nu leuwih jero. sanajan aya hipotesis jaman hindu.
pedah hindu loba nyieun candi.



mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com



Kirim email ke