Punten... sanes cawokah. Tapi ieu mah fakta ayana.
Pak Ucu teh, ketua Paguyuban Warga Sunda (PWS) calikna di Darussalam, Banda 
Aceh. Pengkeureun Kampus Unsyiah. Bubuhan anjeuna salah sahiji guru besar di 
eta kampus.

Hiji mangsa, di tahun 80-an nalika tugas ka Aceh. anjeuna jeung Ibu Eeutik 
(bojona) balanja ka pasar Peunayong. Pasar anu cukup kasohor lah di Kota Banda 
Aceh. Lebah nawar harga, aya nu ganjil..kieh cenah pangalamana teh....

Bang berapa harga kopi ini (bari nunjuk kana bungkusan kopi di talaseu)?
Lima ribu pak?
Bisa Kurang nggak?
Heunceut, Heunceut ...!!! (kitu kadanguna ku pak ucu)

Bari ngahuleung, Pak Ucu narik napas.. naon salah urang beut dipoyok 
heunceut..teu sopan pisan ieu tukang dagang teh..

Pak Ucu  ngaleos, teu jadi meuli eta kopi...
saminggu dua minggu kakara ngarti....singhoreng lain Heunceut,  Heunceut !!
 tapi Hanjeut Hanjeut!! hartina...  nggak bisa-ngak bisa!!!

Hanjuet lamun diucapkeun ku urang Aceh dalam aksen cepat..kadanguna Heunceut ku 
urang Sunda..
Kitu tah Baraya......


Salam















      

Kirim email ke