Enya lain kebon lain simeutna...ari Tempe dianggap kadaharan jelema
miskin..(kadele import) ari bodogol cau...henteu...

On 10/27/08, arif ramdlan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Yeuh rek ngobrolkeun pangalaman.
> Kamari soal heuceut ayeuna soal ceker hayam
> -----------
>
> Hiji mangsa, ngahaja ngadong balanja ka pasar, neangan ceker hayam.puguh
> geus lila tara manggih ceker hayam dina sayur sop.
> nya manggih di pasar peunayong, banda aceh. Bari meuli hayang sahulu,
> ngahaja menta meuli ceker. Naha atuh bet ditanya kutukang hayam teh.
> Buat apa bang, ceker ayam?
> harita teu panjang mikir, ngajawab sakeunana, "Buat makan ikan lele,?
> "oh ambil saja ni bang semua," ceuk si tukang hayam bari ngaluarkeun dua
> kantong keresek pinuh ku ceker hayam.
> ceuk na hate, aya ku bageur ieu jelema.
> nepi ka imah, pamajikan bibirigidigan ninggal ceker hayam sakitu lobana.
> "Buat apa ni A,? nanya siga nu panasaran
> "ya untuk dibikin sayur sup," tembal kuring
> "haa !!, pamajikan beuki aneheun
>
> Kecap carita, pamajikan nya ngagawean masak eta ceker hayam teh. teu
> kecet-kecet masakna teh..ari nyieun sayur sup mah manehna biasa, ngan siga
> nu aneh lamun kudu aya ceker hayamna.
> Waktu rengse diwidang, meuni ngeunah rasana eta sayur teh. neupi ka anggeus
> dahar, pamajikan hiji oge henteu katinggali nyokot ceker hayam tina piring
> dina meja.
> ari kukuring ditanya, "nggak suka ya,?
> jawabna teh.."iya.. orang sini nggak makan ceker. ini kan kotor, kaki ayam
> kan sering masuk tempat kotor-kotor."
> Malah cenah, lamun pas aya mitoha nganjang ka imah, ulah nepi ka kapanggih
> nyayur ceker, bakal bendu. anakna 'diparaban' ceker...
> Bener pisan, pas mitoha ka imah , kaparengan aya ceker hayam di meja makan.
> langsung haharewosan ka pamajikan. saha cenah nu ngadahar ceker? salaki
> maneh?
> nepi ka ayeuna, mitoha sok seuri jeung bibirigidigan lamun urang meuli
> jeung dahar ceker bari disop.
>
> hiji waktu, meureun pamajikan panasaran, naha ari saya ngadahar ceker siga
> nu ngeunah.
> gap weh manehna nyokot hiji, terus digegel ku biwirna siga nu ati-ati
> pisan.
> beak hiji, eh nyokot deui. antukna cecelebeukan meakeun sop ceker dina
> rantang.
> "A. rupanya ceker ayam enak juga ya," cek pamajikan
>
> ti harita jadi kabiasaan lamun meuli hayam sok menta cekerna. ngan meureun
> tukang dagang panasaran, sigana lain keur lele. pas nyahoeun urang lain
> urang aceh. tukang dagang eta hayam langsung surti. nalika saya menta ceker,
> bet dihargaan ayeuna mah geuning. malah waktu menta gratis, cenah pokna teh.
> "sekarang mah nggak digratiskan lagi, karena udah banyak yang minta,"
>
> Beu !!!
> kanyahoan rusiahna...
>
> ======
> Urang Aceh teu beukieun Ceker Hayang
> Urang Aceh teu beukieun Hulu Hayam
> Urang Aceh teu beukieun lauk Mujaer  (Mujahir : bahasa Aceh)
> Urang Aceh teu beukieun tarasi (lamun nyambel pake kecap wae)
> Urang Aceh teu beukieun kurupuk (resepna emping)
> Urang Aceh teu beukieun asem (asem na pake balimbing wulu)
> Urang Aceh teu beukieun tempe (cenah eta mah kadaharan jelema miskin?)
>
> tapi ayeuna geus loba nu berobah utamina di kota,
> ngan lamun di kampung angger keneh kitu..
> hiji mangsa lamun dulur-dulur ka aceh, sok we nyobian sayur plik uk
> atawa ngahajakeun ulin kanu hajat tiluna tujuhna, bakal aya masakan anu
> eusina siga runtah : aya bodogol cawu, aya nanggka, aya cawuna, aya daging
> embe..aya siki nangkana.. dihijikeun dikuwali..... urang mimiti mah sarua
> murel ngadaharna. tapi ayeuna beut jadi kabiasaan ngeunah karasana..
>
>
> kitu tah pamiarsa ....
>
>
>  
>

Kirim email ke